TEPANGNA NABI SAW SARENG ALLAH SWT DI MUSTAWA

(Saparantos Nabi saw di Mustawa) Teras ningal Kanjeng Nabi ka Pangeranna, nyatana Alloh Subhana Wa Ta'ala, mangka ngajungkel Kanjeng Nabi saw sujud.

Mangka ngadawuh Alloh Ta'ala ka Kanjeng Nabi: "Heh Muhammad!".

Ngawaler Kanjeng Nabi: "Sun kaula nun, ieu abdi, aya pikersaeun naon, Ya Rob".

Ngadawuh Alloh Ta'ala: "Pek geura menta maneh!".

Teras ngadawuh Kanjeng Nabi: "Satemenna Gusti ngajantenkeun Nabi Ibrohim kakasih Salira, sareng maparin Gusti ka anjeuna karajaan anu ageung. Sareng ngajak nyarios Gusti ka Nabi Musa. Sareng maparin Gusti ka Nabi Daud kana karajaan anu ageung, sareng ngaleuleuskeun Gusti ka Nabi Daud kana beusi, sarta nalukkeun Gusti pikeun Nabi Daud kana gunung-gunung. Sareng maparin Gusti ka Nabi Sulaeman kana karajaan anu ageung, sareng nalukkeun Gusti pikeun Nabi Sulaeman kana Jin sareng jalma-jalma sareng Syetan-syetan.
Sareng nalukkeun Gusti kangge Nabi Sulaeman kana pirang-pirang angin. Sareng maparin Gusti ka anjeuna kana karajaan anu henteu dipaparinkeun ka hiji
jalma oge ti saba'dana anjeuna. Sareng ngalungsurkeun Gusti ka nabi Sulaeman kana Toret sareng injil. Sareng ngajantenkeun Gusti ka Nabi 'Isa tiasa nyageurkeun ka anu lolong, sareng kanu corob, sareng tiasa ngahirupkeun deui Nabi 'Isa
kanu maot ku idzin Gusti, sareng ngaraksa ka anjeuna oge ka ibuna tina syetan anu dirajam sahingga henteu aya jalan ka syetan kana ngagoda ka Nabi 'Isa sareng ibuna".

Dina Kitab Taorot ditulis Allah swt ngadawuh: "Geus ngajadikeun Kami ka maneh kana pangkat Habiballoh (kakasih Alloh). Jeung Kami ngutus ka maneh pikeun jalma-jalma sakabehna, halna kanu ngabubungah jeung nyingsieunan, jeung ngajembarkeun Kami ka maneh kana dada maneh. Jeung ngagugurkeun Kami ti maneh kana dosa maneh. Jeung ngangkat Kami ka maneh kana gelar maneh henteu disebut Kami anging disebut ngaran maneh sarta ngaran Kami. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh kana pangalus-alusna umat di antara jalma-jalma. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh kana umat anu nengah-nengah. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh umat-umat anu ti hareula jeung anu ti palaneuri. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh yen henteu meunang ka maranehna khutbah sahinga kudu nyaraksian heula kana saenya-enyana maneh ieu Abdi Kami jeung Utusan Kami. Jeung ngajadikeun Kami ti sawareh umat maneh kana pirang-pirang kaom hate-hatena teh pirang-pirang wadah elmu. Jeung ngajadikeun Kami ka maneh kana pangheulana nabi kabeh didambelna jeung pangakhirna diutusna, jeung pangheulana jalma dihukuman ka manehannana. Jeung Kami mere ka maneh "Sab'al Matsaani", anu henteu mikeun kana eta Sab'al Matsaani ka hiji nabi oge memeh maneh. Jeung Kami ge mere ka maneh kana pirang-pirang tungtung surat Al-Baqoroh tina gudang handapeun arasy, anu henteu dibikeun ka hiji nabi ge samemeh maneh. Jeung mere Kami ka maneh Talaga Kautsar. Jeung mere kami ka maneh kana 8 perkara, nyaeta ⑴ Islam (salamet), ⑵ Hijrah (pindah tinu goreng kanu alus, ⑶ Jihad (merangan nafsu angkara mungkar) ⑷ Sidiq (bener), ⑸ Shoum (puasa bulan Romdon), ⑹ Bil Ma'ruf (marentah kalawan ka alusan), ⑺ Nahi Mungkar (nyegah kana kagorengan), ⑻ Sholat jeung Dzikir. Jeung ngahampura Kami kanu te musyrik ka Kami ti umat maneh oge kana hiji perkara anu ngaruksak".
-