ISRONA NABI SAW DISARENGAN KU MALAIKAT JIBRIL AS

Mangka berangkat Buroq nyandak Kanjeng Nabi diiring ku Malaikat Jibril jeung Malaikat Mingka'il.

Ari Malaikat Jibril belah katuhu Kanjeng Nabi, ari Malaikat Mingka'il mah belah kenca Kanjeng Nabi.

Tapi mungguh Ibnu Sa'id mah, anu nyepeng sangawedi Buroq Malaikat Jibril, ari anu nyepeng kadalina, eta Malaikat Mingka'il, sahinga dugi ka hiji tanah (kebon korma), teras ngadawuh Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi. Piunjukna miwarang lungsur, teras miwarang netepan 2 rokaat, teras kanjeng Nabi netepan 2 rokaat, teras naros Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha uninga henteu tempat anu diangge netepan nembe?".

Waler Kanjeng Nabi: "Hente terang".

Teras Malaikat Jibril masihan terang, yen ieu tempat teh Tanah Toyibah, ieu tempat teh tempat Muhajiroh.

Mangka tunggang deui Kanjeng Nabi kana Buroq.

Saparantos dugi kana hiji tempat, Malaikat Jibril miwarang lungsur, teras miwarang netetepan 2 rokaat ka Kanjeng Nabi, teras naros Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha uninga salira tempat anu diangge netepan ayeuna?".

Waler Kanjeng Nabi: "Henteu terang".

Saur Malaikat Jibril: "ieu teh Tanah Madyan ingda sajarotu Musa.

Teras Kanjeng Nabi tunggang deui kana Buroq, berangkat sareng Malaikat Jibril.

Saparantos dugi kana hiji tempat, malaikat Jibril miwarang lungsur ka Kanjeng Nabi sareng miwarang netepan 2 rokaat, teras kanjeng nabi netepan 2 rokaat. Malaikat Jibril tumaros ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha uninga salira tempat naon anu tos di angge netepan nembe?".

Waler Kanjeng Nabi: "Henteu terang".

Dawuhan Malaikat Jibril: "Ieu teh Tanah Tursina, di mana
ieu tempat teh tilas Dadawuhna Alloh ka Nabi Musa as.

Mangka teras tunggang deui Kanjeng Nabi kana Buroq, teras berangkat sareng Malaikat Jibril.

Saparantos dugi ka hiji tempat, mangka katinggal baracakna Tanah (kota Sam), Baitul Muqodas.

Teras Malaikat Jibril
miwarang lungsur ka kanjeng Nabi miwarang netepan 2 rokaat, mangka teras Kanjeng Nabi lungsur tina Buroq sareng netepan 2 rokaat dina eta tempat. Dawuhan Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha terang henteu salira kana ieu tempat anu tos diangge netepan?".

Waler Kanjeng Nabi: "Henteu terang".

Dawuhan malaikat, ieu teh Tanah Baitul Lahmi, tilas tempat lahirna Nabi
'Isa as ibnu Mariam".

Patarosan malaikat ka Kanjeng Nabi eta sadayana terangeun Kanjeng Nabi, nanging Kanjeng Nabi nuju "Ta'abud", nuju turut
kanu nyandak, nyaeta Malaikat Jibril, anjeuna henteu wantun ngalalangkungan kanu nyandak sanajan
anjeuna terangeun.
-