B U B U K A


bismilaahir rohmaanir rohim alhamdulillaah washolatu 'ala rosulillah


⊙ wa ba'du ⊙

Bismilah anu janten sekar pangjajap, salaksa pedar panutur sarebu catur, pangambah aworna kedal.

Dipirig ku lapad Alhamdu, anu janten panundung rambu takabur, pangusir sirik munapik anu salamina ngahalangan jorelatna teja Al-Quran dina manah.
-

MALAIKAT NYUCIKEUN HATE NABI SAW

Dina hiji waktos Kanjeng Nabi saw nuju di Hijir Ismail, nuju "turon miring", halna nuju gegelehean, dihapit ku dua pameget, nyaeta sayid Hamzah sareng syekh Ja'far.

Tetkala muntojian (turon miring), sumping Malaikat Jibril, Malaikat Mingka'il sareng malaikat nu sanesna, mangka nyandak Malaikat Jibril, Malaikat Mingkail sareng nu sanesna ka
Kanjeng nabi, teras nangkarakeun malaikat kana tonggongna Kanjeng Nabi, teras malaikat Jibril marentah ka Malaikat Mingkail miwarang pangnyandakeun cai zam-zam.

Wapi riwayatin (dina hiji riwayat), beulah hateup lalangit bumina Kanjeng Nabi, teras lungsur Malaikat Jibril. Teras Malaikat Jibril ngabelek tina legok dadana Kanjeng Nabi tina legog dada dugi kana handapeun udel.

Teras Malaikat Jibril marentah
ka Malaikat Mingka'il miwarang pangnyandakeun bokor cai zam-zam, bari ngadawuh Malaikat Jibril: "Supaya kami bisa meresihan kana dadana Kanjeng Nabi", mangka ngaluarkeun malaikat kana Qolbuna Kanjeng Nabi, teras Malaikat Jibril ngawasuh kana
eta Qolbu kalawan 3 wasuhan.

Teras Malaikat Jibril ngalaan perkara anu aya perkara dina Qolbuna Kanjeng Nabi, nyatana rereged.

Teras Malaikat Jibril miwarang ka Malaikat Mingka'il, miwarang nyandak bokor anu di isi cai zam-zam dugi ka 3 kali wangsulan.

Saterasna disanggakeun bokor tina emas anu dipinuhan ku hikmah (ma'rifat) sareng iman dina dadana Kanjeng Nabi, sareng minuhan malaikat ka Kanjeng Nabi kana Hilim (henteu getas harupateun), elmu, yaqin sareng islam.

Teras ngalitakeun deui (ngarapetkeun) malaikat kana dadana Kanjeng Nabi, teras ngacap malaikat dina walikat duanana Kanjeng Nabi kalawan cap Kanabian.
-

NABI SAW TUNGGANG BUROQ

Teras disumpingkeun Buroq ka Kanjeng Nabi, eta Buroq anu diselaan tur anu dikadalian.

Ari Buroq teh eta sato bodas anu jangkungna saluhuren himar sahandapeun bigol. Ari lengkahna talapok Buroq satungtung paningal (sakedet netra). Ari 2 ceulina Buroq gular giler.

Di mana-mana datang manggihan gunung sok ngajangkungan suku nu tukang, mendekan suku nu hareup.

Di mana-mana datang manggihan jurang sok ngajangkungan suku hareup mendekan suku tukang. Jadi eta tetep
datar tonggong Buroq.

Ari eta Buroq ngagaduhan jangjang 2 anu aya dina ping-ping 2, nambahan kuat eta Buroq ku sabab ayana jangjang 2 aya di antara ping-ping 2.

Barang diangsongkeun di payuneun Kanjeng Nabi, eta Buroq ngadat, mangka nyerek (nyepengan) Malaikat Jibril kana eta Buroq kana suku hareupna eta Buroq tina susurina Buroq. Teras ngdawuh Malaikat Jibril ka eta buroq: "Heh Buroq, naha maneh teh embung di tunggangan ku Makhluk anu parantos ngadambel Alloh ka eta makhluk anu mulya, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw?".

Mangka saparantos kitu eta Buroq kacida
isina. Bakating ku isin eta Buroq, sahingga bijil nyakclakkan cikaringetna eta Buroq.

Saparantos kitu mah kakara eta Buroq teh cicing.

Dina sapalih kaul, dina Kitab Tijanu Jawahir, sababna buroq ngadat, hoyong ditunggangan ku Kanjeng Nabi nalika Kanjeng Nabi bade lebet ka sorga, teras nyepengkeun dampal panangan Kanjeng Nabi kana pundukna Buroq
ciri tawis ti Kanjeng Nabi.

Kusabab kacida bungahna, sahingga eta Buroq ngajangkungan dugi ka 40 hasta.

Saparantos cicing eta Buroq, teras tunggang Kanjeng Nabi kana eta Buroq.

Sarehna, aya ti sapalih ambiya anu tunggang kana eta Buroq sateuacana Kanjeng Nabi. Ngadawuh Sa'id Ibnu Mas'ud sareng nu sanesna: "Ari eta Buroq tutunggangan Nabi Ibrohim as nalika angkat ka Baitul Harom.
-

ISRONA NABI SAW DISARENGAN KU MALAIKAT JIBRIL AS

Mangka berangkat Buroq nyandak Kanjeng Nabi diiring ku Malaikat Jibril jeung Malaikat Mingka'il.

Ari Malaikat Jibril belah katuhu Kanjeng Nabi, ari Malaikat Mingka'il mah belah kenca Kanjeng Nabi.

Tapi mungguh Ibnu Sa'id mah, anu nyepeng sangawedi Buroq Malaikat Jibril, ari anu nyepeng kadalina, eta Malaikat Mingka'il, sahinga dugi ka hiji tanah (kebon korma), teras ngadawuh Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi. Piunjukna miwarang lungsur, teras miwarang netepan 2 rokaat, teras kanjeng Nabi netepan 2 rokaat, teras naros Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha uninga henteu tempat anu diangge netepan nembe?".

Waler Kanjeng Nabi: "Hente terang".

Teras Malaikat Jibril masihan terang, yen ieu tempat teh Tanah Toyibah, ieu tempat teh tempat Muhajiroh.

Mangka tunggang deui Kanjeng Nabi kana Buroq.

Saparantos dugi kana hiji tempat, Malaikat Jibril miwarang lungsur, teras miwarang netetepan 2 rokaat ka Kanjeng Nabi, teras naros Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha uninga salira tempat anu diangge netepan ayeuna?".

Waler Kanjeng Nabi: "Henteu terang".

Saur Malaikat Jibril: "ieu teh Tanah Madyan ingda sajarotu Musa.

Teras Kanjeng Nabi tunggang deui kana Buroq, berangkat sareng Malaikat Jibril.

Saparantos dugi kana hiji tempat, malaikat Jibril miwarang lungsur ka Kanjeng Nabi sareng miwarang netepan 2 rokaat, teras kanjeng nabi netepan 2 rokaat. Malaikat Jibril tumaros ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha uninga salira tempat naon anu tos di angge netepan nembe?".

Waler Kanjeng Nabi: "Henteu terang".

Dawuhan Malaikat Jibril: "Ieu teh Tanah Tursina, di mana
ieu tempat teh tilas Dadawuhna Alloh ka Nabi Musa as.

Mangka teras tunggang deui Kanjeng Nabi kana Buroq, teras berangkat sareng Malaikat Jibril.

Saparantos dugi ka hiji tempat, mangka katinggal baracakna Tanah (kota Sam), Baitul Muqodas.

Teras Malaikat Jibril
miwarang lungsur ka kanjeng Nabi miwarang netepan 2 rokaat, mangka teras Kanjeng Nabi lungsur tina Buroq sareng netepan 2 rokaat dina eta tempat. Dawuhan Malaikat Jibril ka Kanjeng Nabi, piunjukna: "Naha terang henteu salira kana ieu tempat anu tos diangge netepan?".

Waler Kanjeng Nabi: "Henteu terang".

Dawuhan malaikat, ieu teh Tanah Baitul Lahmi, tilas tempat lahirna Nabi
'Isa as ibnu Mariam".

Patarosan malaikat ka Kanjeng Nabi eta sadayana terangeun Kanjeng Nabi, nanging Kanjeng Nabi nuju "Ta'abud", nuju turut
kanu nyandak, nyaeta Malaikat Jibril, anjeuna henteu wantun ngalalangkungan kanu nyandak sanajan
anjeuna terangeun.
-

NABI SAW DIGANGGU KU IFRIT

Dina hiji mangsa, Kanjeng Nabi lumampah tunggang Buroq, tetkala lumampah anjeuna mendakan pirang-pirang ifrit ti bagian jin. Eta ifrit ngudag bari mamawa obor tina seuneu.

Dina mangsa ngaleret Kanjeng Nabi ka eta ifrit, katinggal ku Malaikat Jibril. Dawuhan Malaikat Jibril: "Eling-eling! Naha salira teh henteu terang kana kalimah? Di mana eta kalimah dibacakeun yakti pareum eta obor jeung yakti kaduruk eta ifrit".

Dawuhan Kanjeng Nabi: "Sumuhun mangga".

Dawuhan Malaikat
Jibril: "Ucap ku anjeun:

"aùdzu biwajhhillàhhil karìm, wa bikalimàtillàhhit tammàtil latì là yujàwizu hhunna barruw wa là fàjirum ming syarri mà yangzilu minas samà-i wa ming syarri mà ya'riju fihà wa ming syarri mà dzaro-a fil ardli wa ming syarri mà yakhruju minhhà wa mim fitanil laili wan nahhàri wa ming thowàriqil laili wan nahhàri illà thòriqo yathruqu bikhoiriy yà rohmànu".

Hartosna:
"Nyalindung abdi sadaya kalawan dzat Alloh anu mulya, sareng kalawan pirang-pirang kalimah Alloh anu
sampurna anu teu nyanding eta perkara ka urang sadaya, jeung teu aya ka alusan tina gorengna perkara anu lungsur eta perkara ti Langit jeng tina gorengna perkara anu kumarayap eta perkara di bumi, jeung tina fitnahna peuting
jeung beurang, jeung tina pirang-pirang ngambahna peuting jeung beurang, anging jalan anu lumampah eta jalma kalawan kasaean. Heh Dzat Anu Asih".

Saparantosna ngaosken eta du'a, mangka ngajungkel ti suksruk dua biwirna eta ifrit sareng pareum eta obor.

Teras arangkat deui sadayana, Kanjeng Nabi Malaikat Jibril.
-

KAOM SABILILLAH

Di tengahing perjalanan, Kanjeng Nabi ninggal hiji kaom nuju marelak pare. Dina poe eta melak, poe eta keneh panen, bari teras bulak-balik eta kaum ngalaan paneneun.

Mangka tumaros Kanjeng Nabi ka Malaikat Jibril, saurna: "Perkara naon sareng kaum nu kumaha ieu teh?".

Mangka Malaikat Jibril ngawaler: "Ieu kaum kabeh teh pejuang dina jalan Alloh, sarta nganafkahkeun ieu kaum kana ieu perkara dina jalan Alloh, mangka ngagantian Alloh kana eta perkara ku pirang-pirang tikeleun, dugi ka 700 tikeleun.
-

NABI SAW NGAMBUNG SEUSEUNGITAN SITI MASITHOH

Dina nuju perjalanan, anjeuna liren heula, wireh ngambung sesengitan anu kacida sengitna. Mangka tumaros Kanjeng Nabi ka Malaikat Jibril, dawuhannana: "Seungit naon ieu teh, meni kacida sengitna?".

Waler Malaikat Jibril: "Ieu teh sengitna Siti Masitoh tukang nyisiran budak Fir'aun anu istri".

Dina hiji mangsa, Siti Masitoh nuju nyisiran putra Fir'aun anu istri. Tetkala nuju nyisiran, eta sisir murag, mangka ngucap Siti Masitoh: "Bismillahi kalawan nyebat
jenengan Pangeran, ruksak Fir'aun".

Barang ngadangu ucapan Siti Masitoh, eta putra istri Fir'aun tumaros ka Siti Masitoh: "Naha tetep ka anjeun aya Pangeran salian ti bapa kami?".

Mangka ngaweler Siti Masitoh: "Leres, puguh we aya mah".

Teras eta putra Fir'aun ngalaporkeun kajadian eta ka Fir'aun, mangka ngundang Fir'aun ka Siti Masitoh oge sadayana kulawarga Siti Masitoh, teras ditaros Siti Masitoh, pokna: "Naha tetep ka anjeun Pangeran salian ti kami?".

Mangka ngawaler Siti Masitoh: "Ari Pangeran abdi jeung Pangeran aranjeun eta Alloh".

Saparantos ngadangu waleran Siti Masitoh, Fir'aun ngolo-ngolo supados Siti Masitoh balik deui kana agama manehna sarta ninggalkeun agama Siti Masitoh, sareng kulawargana. Tapi Siti Masitoh tetep kiat imanna.

Akhirna Fir'aun mutuskeun yen bade ngahukuman mati ka Siti Masitoh.

Siti Masitoh ngadawuh ka Fir'aun: "Hiji kasaen ti anjeun anu tetep mangfa'at kangge abdi sadaya mun mah anjeun maehan ka abdi
sadaya. Abdi aya panuhun ka salira, muga ngajadikeun ka abdi sadaya dina tempat sareng kuburan anu sahiji. Upami salira ngajadikeun kitu, eta hiji ka saean pikeun salira".

Mangka ngawaler fir'aun ka Siti Masitoh, sareng keluargana: "Beurat-beuratna mah kami ka anjeun teh, asa geus jeung kulawarga. Tapi dalah kumaha, ieu hukum kudu dilaksanakeun ku kami".

Teras Fir'aun marentah supaya ngayakeun kancah sarata, supaya diseuneuan, maksadna bade ngulub Siti Masitoh sakulawarga, mangkaning anu dieusi cai ampul-ampulan.

Teras Fir'aun marentah ngalungkeun kulawarga Siti Masitoh hiji-hiji, kantun Siti Masitoh sareng putrana anu alit anu masih keneh dina ayunan.

Siti Masitoh bingung ninggal putrana anu masih bayi.

Kalawan izin Alloh, eta bayi nyarios: "Mangga ibu, tong mangmang deui, geura alungkeun abdi ku ibu. Saenyana ngalungken ibu ka abdi eta haq".

Saparntos ngadangu cariosan putrana kitu, anjeuna teras ngalungkeun putrana kana kancah, teras disusul ku anjeuna.
-

OPAT OROK ANU BISA CACARITA

Ngadawuh Rowi: "Ari anu cacarios anu masih orok eta aya 4:

(1) Putra Siti Masitoh.

(2) Orok anu janten saksi Nabi Yusuf as nalika sareng Siti Julaekha.

(3) Orok anu janten saksi Shohibul Jurej.

(4) Nabi 'Isa Ibnu Mariam nalika nuju dina gendongan.
-

RUKSAKNA JALMA ANU SOK NGABEUBEURAT KANA SHOLAT

Mangka sumping Kanjeng Nabi ka hiji kaom. Tingkahna eta kaom ninggangan sirahna sorangan dugi ka beulah. Saparantos beulah, eta sirah lita deui sabiasana. Saatos lita, eta kaom neunggeulan deui. Kitu jeung kitu we kalakuanana teu eureun-eureun. Mangka tumaros Kanjeng Nabi ka Malaikat Jibril: "Ya Jibril, kaom nu kumaha ieu, sareng kunaon tingkahna ieu kaom sahingga berbuat kitu?".

Mangka ngawaler Malaikat Jibril: "Ieu teh jalma anu sok ngabeubeurat kana sholat anu difardhukeun".
-

HINANA JALMA ANU TEU MERE SHODAQOH

Teras Kanjeng Nabi mendakan deui ka hiji kaom. Eta kaom ditataranjang, nu katutupan mung dubur sareng qubul, bari digiring lir ibarat digiringna onta jeung sapi jeung domba.

Eta kaom bari ngadalahar kayu "dore" sareng kayu "jakum", kayu anu carucukan, bacin (haseum) jeung bauna kacida. Eta kayu moal aya di alam dunya, anging ayana di Jahanam, jeung ngadaharan areng jeung karikil Jahanam.

Mangka tumaros Kanjeng Nabi ka Malaikat Jibril: "Kaom naon ari nu kieu tingkahna, ya Jibril?".

Malaikat Jibril ngawaler: "Ieu kaom teh anu tara ngalakonan sidqoh hartana jeung tos dolim ku hiji perkara ka Gusti Alloh.
-

JALMA ANU RESEP NGADEUKEUTAN PERKARA ANU NGAJURUS KANA ZINA SEPERTI NGADAHAR DAGING ATAH ANU BURUK

Teras Kanjeng Nabi ninggal hiji kaom anu dipayuneunana aya daging asak jeung daging atah, haseum jeung bau, tapi eta kaom ngadaharan daging atah. Teras Kanjeng Nabi tumaros ka Malaikat Jibril: "Kaom naon ieu teh?".

Malaikat Jibril ngawaler: "Ieu teh sabagian umat anjeun anu milih awewe haram ninggalkeun awewe halal bari nginep nepi ka isuk-isuk".
-

DIKEREWESNA JALMA ANU SOK NGAHALANGAN KANA JALAN ALLOH KU HIJI TANGKAL

Teras Kanjeng Nabi ninggal hiji tangkal nuju ngerewesan kana bajuna hiji jalma. Mangka tumaros Kanjeng Nabi ka Malikat Jibril: "Jalma naon ieu?".

Waler Malaikat Jibril: "Ieu teh ti bagian umat anjeun anu ngahalangan ka jalma di jalan anu bari ngancam ka eta jalma malengos tina jalan Alloh.
-

DIKOCORKEUNANA GETIH JALMA ANU SOK NGADAHAR RIBA

Teras kanjeng Nabi ninggal ka jalma anu nuju ngucuran di wahangan ku getih bari ngahemhem batu. Kanjeng Nabi tumaros: "Ya Malaikat Jibril, jalmi nu kumaha ari nu kitu?".

Mangka ngawaler Malaikat Jibril: "Ieu teh jalma tukang ngadahar riba".
-

DITEUKTEUKNA LETAH JALMA ANU SOK NYEBARKEUN FITNAH

Teras Kanjeng Nabi ninggal jalma nu ngaguntingan letahna ku gunting tina beusi, bari eta letah numbu deui-numbu deui, sahingga eta jalma teu eureun-eureun ngaguntinganana, jeung terus kitu bae kalakuanana.

Tumaros Kanjeng Nabi: "Tingkahna jalma naon ari nu kitu, ya Jibril?".

Waler Malaikat Jibril: "Eta teh tingkah kaom ti bagian umat anjeun anu ngomong fitnah eta kaom ka umat anjeun, bari eta umat teu pernah migawe kana eta perkara.
-

JALMA NU TUKANG NGUPAT DIKEREWESAN KU KUKUNA SORANGAN

Kanjeng Nabi ninggal hiji kaom nu ngabogaan kuku tina tambaga. Eta kaom ngerewesan kana beungeutna jeung dadana ku eta kuku.

Mangka naroskeun Kanjeng Nabi: "Tingkah jalma naon ari nu kitu, ya Jibril?".

Waler malaikat Jibril: "Eta jalma teh sok ngomong eta jalma karena ngupat ka manusa jeung nibakeun hartana manusa.
-

MOAL BISA BALIKNA JALMA ANU NGAJARKEUN KALIMAH ANU AGUNG BARI TEU NGARTI KANA ETA KALIMAH

Teras Kanjeng Nabi ngalangkung, ninggal hiji liang anu leutik, tina liang nu leutik kaluar sapi nu gede. Barang eta sapi maksud bade lebet deui, eta sapi teu bisa asup kana eta liang.

Kangjeng Nabi tumaros ka malaikat Jibril: "Perkara naon ari nu kieu?".

Waler Malaikat Jibril: "Ieu teh hiji lalaki ti bagian umat anjeun anu sok ngomong kana pirang-pirang kalimah nu agung, teras nalangsa eta jalma teu mampuh ngamaksud kana eta kalimah.
-

KUSABAB NABI SAW TEU NGAWARO KANA PANGGERO YAHUDI MAKA TEU JADI UMATNA YAHUDI

Dina hiji waktos, Kanjeng Nabi nuju lumampah, tetkala nuju lumampah, aya ngagentraan ti beulah katuhuweun Kanjeng Nabi, pokna: "Ya Muhammad, dagoan kami, aya taroskeuneun kami ka anjeun!".

Mangka Kanjeng Nabi teu ngajawab kana eta panggero.

Kangjeng Nabi tumaros: "Bangsa naon ari nu kitu, ya Jibril?".

Mangka ngawaler Malaikat Jibril: "Eta teh lalaki bangsa yahudi. Lamun mah anjeun ngajawab kana eta panggero, yakti jadi yahudi umat anjeun.
-

KUSABAB NABI SAW TEU NGAWARO KANA PANGGERO NASRONI MANGKA TEU JADI UMATNA NASRONI

Teras Kangjeng Nabi neraskeun deui kana perjalanannana.

Samangsa-mangsa nuju berjalan, aya nu ngagero ti jihat kencaeun Kangjeng Nabi, pokna: "Ya Muhammad, dagoan heula kami, kami aya taroskeuneun ka
anjeun.".

Tapi Kangjeng Nabi teu ngajawab kana eta panggero.

Tumaros Nabi saw ka Malaikat Jibril: "Ya Jibril, jalma bangsa naon nu kitu?".

Mangka ngawaler Malaikat Jibril: "Eta teh jalma bangsa nasroni. Lamun mah anjeun ngajawab kana eta panggero, yakti jadi nasroni umat anjeun".
-

KUSABAB NABI SAW TEU NGAWARO KANA PANGGERO DUNYA MANGKA TEU JADI UMATNA BEUKI KANA DUNYA

Dina hiji mangsa, Kangjeng Nabi nuju ngambah perjalanan, paamprok jeung hiji awewe anu nyingkilkeun dua baju tanganna nepi kana sikuna.

Eta leungeunna pinuh ku perhiasan nepi kana sikuna.

Ngadambel ka
eta istri kersana Alloh, mangka ngagero eta awewe ka Kangjeng Nabi: "Ya Muhammad, dagoan kami, kami aya taroskeuneun ka anjeun!".

Mangka Kangjeng Nabi teu ngawaler ka eta awewe.

Tumaros Nabi saw ka Malaikat Jibril: "Ya Malaikat Jibril, awewe naon ari eta?".

Mangka ngawaler Malaikat Jibril: "Eta teh dunya. Lamun mah anjeun ngajawab kana panggero eta awewe, yakti milih
umat anjeun kana dunya ninggalkeun perkara akherat.
-

PANGGERO IBLIS

Dina hiji mangsa,
Kangjeng Nabi nuju
ngambah perjalananan, nalika keur kitu, mendakan hiji jalma kolot bari gegeroan jauh ti jalan: "Kadieu ya Muhammad!".

"Saha eta, ya Jibril?", saur Kanjeng Nabi.

Mangka marentah Malaikat Jibril: "Indit anjeun, ya Muhammad!".

Dawuhan Kangjeng Nabi: "Naon ieu teh?".

Malaikat ngawaler: "Ieu teh musuh anjeun, tegesna iblis anu maksud megatan eta iblis kana perjalanan anjeun".
-

UMUR DUNYA TEH GEUS KOLOT

Teras Kanjeng Nabi ngambah perjalanan deui. Nalika kitu, Kanjeng Nabi mendakan nini-nini di sisi jalan, bari ngageroan: "Ya Muhammad, dagoan kami, aya tanyakeuneun ka anjeun".

"Ya Jibril, saha eta teh?", saur Kanjeng Nabi.

Mangka ngawaler Malaikat Jibril: "Tong dilieuk, eta teh umur dunya".

Teras angkat deui Kanjeng Nabi, sahingga dongkap ka kota Baetul Muqodas, teras kangjeng Nabi lebet ka kota tina pintu gerbang anu jihat Yaman.

Mangka teras Kanjeng Nabi lungsur tina buroq, teras nalian Kanjeng Nabi kana buroq dina lawang masjid dina buledan anu paranti nalian para nabi kana buroq.

Muga-muga ka para nabi rohmat sareng salam.
-

NABI SAW JADI IMAM PARA NABI

Dina sapalihna riwayat, saenyana Malaikat Jibril neundeun ramona kana batu, teras ngabolongan malaikat kana eta batu, teras nalian Malaikat Jibril kana buroq dina eta batu. Teras lebet Kangjeng Nabi ka masjid, anu condong kana eta lawang panon poe jeung bulan.

Mangka naretepan Kanjeng Nabi sareng malaikat 2 rokaat sewang.

Mangka henteu kantos lami calik sahingga kumpul jalma-jalma anu seuer. Mangka uninga Kanjeng Nabi saw ka pirang-pirang nabi di antara nu
ngadeg, nu ruku sareng anu sujud.

Mangka teras aya nu adzan sareng diiqomatan sholah. Mangka ngadeg para nabi sadayana halna sababaraha jajar bari ngarantosan kanu bade ngimaman ka aranjeuna.

Mangka nuyun Malaikat Jibril kana panangan Kanjeng Nabi saw, mayunkeun Malaikat Jibril ka Kangjeng Nabi. Mangka netepan Kanjeng Nabi sarta sadayana 2 rokaat.

Ari anu diriwayatkeun ku Ka'ab mah, nyaeta: Mangka adzan Malaikat Jibril, terus lungsur malaikat ti langit, sareng ngempelkeun Alloh ka Kangjeng Nabi, para rosul, sareng sadayana nabi. Mangka netepan Kanjeng Nabi, malaikat, sareng sadaya para rosul.

Samangsa-mangsa Kanjeng Nabi rengse netepan, mangka tumaros Malaikat Jibril: "Ya Muhammad, terang salira nu netepan di pengker anjeun?".

Waler Kanjeng nabi: "Henteu terang".

Mangka ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh sakabeh nabi anu di utus ku Alloh swt".

Sarengsena ti eta, pada muji sakur-sakur nabi ka Pangeran, kalawan pamuji
anu sararae.

Ngadawuh Kangjeng Nabi saw: "Ari aranjeun kabeh ngaralem ka Pangeran anjeun, kami oge ngalem ka Pangeran kaula".

Teras Kanjeng Nabi sasauran: "Puji eta tangtu ka Alloh, dzat anu ngutus ka kaula, kalawan jadi rohmat ka 'alam kabeh, sareng ka sakabeh jalma anu ngabubungah sareng anu nyingsieunan. Sareng nurunkeun Alloh ta'ala ka kaula kana Quran, anu dina eta
Quran teh pertelaan kana sakur perkara. Sareng ngajadikeun Alloh ka umat kaula anu pangsae-saena umat di antara manusa. Ngajadikeun Gusti Alloh ka umat kaula kana umat anu nengah-nengah, sareng ngajadikeun Alloh ka umat kaula umat anu awal sareng anu paneri. Sareng ngajembarkeun Alloh Ta'ala kana dada kaula, sareng ngalebur Alloh Ta'ala kana dosa kaula, sareng ngagelaran Alloh Ta'ala kana sesebutan kaula, sareng ngajadikeun Alloh Ta'ala ka kaula anu muka jeung anu nutup.

Mangka ngadawuh Kanjeng Nabi Ibrohim as: "Tina sabab anu dicarioskeun ieu, jadi ngunggulan Muhammad ka aranjeun kabeh".
-

ARAK LAIN INUMAN UMAT ISLAM

Nalika Kanjeng Nabi SAW ngaraos dahaga anu kalintang bangetna, sumping ka anjeuna Jibril as kalawan nyandak wadah anu dieusi arak, jeung wadah hiji deui dieusian cai susu. Mangka milih Kanjeng Nabi kana susu.

Ngadawuh Jibril as ka Kanjeng Nabi: "Tos milih salira kana agama islam. Lamun mah salira milih jeung ngaleueut kana arak, mangka yakti lacut umat salira moal turut maranehna ka salira, anging sakedik anu nurut ka salira".

Dina sapalihna riwayat dicarioskeun, saenya-enyana wadah teh eta aya tilu. Ari anu wadah katiluna nyaeta cai.

Malaikat Jibril ngadawuh ka Kanjeng Nabi: "Lamun mah salira milih jeung ngaleueut kana cai, yakti ka kerem umat salira.

Dina sapalihna deui riwayat anu sanesnya nyarioskeun, saenya-enyana salah sahijina tina wadah anu tilu anu di asongkeun ka Kanjeng Nabi eusina aya madu.
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KAHIJI SARTA TEPANG SARENG NABI ADAM AS

Dina kencaeun batu paragi nalikeun buroq tea, Kangjeng Nabi saw ninggal pirang-pirang widadari. Mangka uluk salam Kanjeng Nabi ka maranehannana. Dijawab ku sadayana widadari kana salamna Nabi saw. Teras Kanjeng Nabi naros ka maranehannana, mangka ngawaler maranehannana ka Kanjeng Nabi ku perkara anu matak bungah kana panon.

Teras didongkapkeun ka Kanjeng Nabi hiji taraje, anu paranti
naek kana eta taraje arwahna bani Adam, mangka teu ninggal sadaya makhluk anu leuwih alus tibatan eta taraje, satete tina perak jeung satete tina emas. Ari eta taraje asalna ti sorga firdaus anu ditaretes ku Inten Lu-Lu.

Beulah katuhueun Kanjeng Nabi saw ngagedeng malaikat jeung beulah kencaeunana ge malaikat, mangka naek Kanjeng Nabi sareng malaikat Jibril, sahingga dugi kana hiji lawang tina lawang langit dunya, anu diaranan lawang Hafadoh. Jeung dina eta lawang Hafadoh aya malaikat anu dijenengan Malaikat Isma'il.

Ari Malaikat Isma'il teh anu nyepeng langit dunya, tempat cicingna di awang-awang. Eta malaikat henteu pernah naek ka langit oge henteu pernah turun ka bumi sama sakali, anging dina dintenan pupusna Kangjeng Nabi saw.

Ari payuneun Kanjeng Nabi, ngagedeng 70.000 malaikat, anu sarat saban-saban malaikat wadya balad ti golongan malaikat 70.000 malaikat. Teras Malaikat Jibril ngetrok kana eta lawang. Saur nu ngajaga: "Saha eta?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Kami Jibril".

Naros deui malaikat nu ngajaga lawang: "Sareng saha anjeun?".

Diwaler ku Jibril as: "Sareng Muhammad".

Saur nu ngajaga lawang: "Naha geus diutus Muhammad?".

Dijawab ku Jibril as: "Atuh puguh".

Dina hiji riwayat nu ngajaga lawang naros: "Naha temen-temen tos diutus?".

Diwaler ku Jibril as: "Atuh puguh we atos mah".

Dawuhan anu ngajaga lawang: "Bagja temenan ka Muhammad di tempat lega sareng di ahli. Muga-muga Alloh manjangkeun umur ki dulur anu jadi gaganti. Saestuna pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad, sareng pangsae-saena gaganti nyaeta Muhammad. Mangga linggih, linggih Muhammad".

Mangka dibuka lawang langit kangge Kanjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Samangsa-mangsa Kanjeng Nabi ucul-ucul dugi di langit kahiji, anjeuna pendak jeung Nabi Adam as.

Ari Nabi Adam teh bapana sakabeh jalma.

Dina dintenan anjeuna didamel ku Alloh Ta'ala, diasongkeun ka anjeuna pirang-pirang arwah ti para nabi sareng arwah turunannana anu mu'min. Mangka ngadawuh anjeuna: "Ruh nu alus jeung nafsu anu sae, jadikeun ku aranjeun
nafsu kana surga 'Iliyin.

Mangka kari-kari diasongkeun ka Kangjeng Nabi Adam as ruh-ruh turunannana anu kafir, mangka ngadawuh anjeuna: "Ruh anu goreng jeung nafsu nu goreng, jadikeun ku aranjeun nafsu kana naraka Sijjin".

Sareng ningal Kangjeng Nabi Adam ka beulah katuhu kana pirang-pirang ruh sareng panto, anu tina eta panto kaluar angin anu seungit. Sareng ti beulah kenca ningal kumpulan ruh sareng panto, anu kaluar tina eta panto angin
anu banget bauna. Mangka samangsa-mangsa anjeuna ningal ka beulah katuhu, mangka anjeuna gumujeng sareng ngarasa bungah. Dimana-mana ningal ka beulah kenca, mangka anjeuna nalangsa sareng nangis.

Mangka uluk salam Kanjeng Nabi Adam ka Kangjeng Nabi saw, sarta ngawaler Kanjeng Nabi saw.

Ngadawuh Kangjeng Nabi Adam as: "Bagea sumping heh putra anu sholeh sareng nabi anu sholeh!".

Tumaros Kanjeng Nabi saw: "Saha ari eta, ya Jibril?".

Ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh bapa salira, Nabi Adam. Ari anu eta pirang-pirang ruh, eta teh ruh turunannana. Mangka ari nu beulah katuhu, eta kabeh ahli sorga. Ari nu beulah kenca, eta kabeh ahli naraka. Di mana-mana ningal salirana kabeulah katuhu, anjeuna seuri sareng ngarasa bingah salirana. Di mana-mana salirana ningal kabeulah kenca, anjeuna ceurik ngarasa sedih. Ari panto ti beulah katuhu, eta panto sorga. Jeung ari panto belah kenca, eta panto jahanam. Di mana-mana ningal anjeuna anu asup kana eta lawang anu beulah katuhu ti turunannana, anjeuna seuri sareng ngarasa bungah. Di mana-mana ningal anjeuna anu lebet ti putra putuna kana lawang beulah kenca, anjeuna ceurik sareng nalangsa.


Mangka kari-kari ngalangkung Kanjeng Nabi sakedik, anjeuna mendakan anu keur dahar riba sareng harta yatim sareng tarukang zinah, sareng nu sanesna kabeh kana tingkah anu goreng sapertos anu ti payun, hana anu leuwih goreng.
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KADUA SARTA TEPANG SARENG NABI ISA AS OGE SARENG NABI YAHYA AS

Ti langit kahiji teras Kanjeng Nabi naek kana langit kadua.

Di dinya Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun lawang ka malaikat anu ngajaga lawang.

Naros anu ngajaga lawang: "Saha ieu teh?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Jibril!".

"Sareng saha anjeun?", saur nu ngajaga lawang.

"Sareng Tuan Muhammad", ngawaler Jibril as.

Saur nu ngajaga lawang deui: "Naha parantos diutus anjeuna?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Puguh we atos mah".

Mangka ngadawuh anu ngajaga lawang: "Bagea linggih di tempat lega sareng di ahli. Muga-muga manjangkeun Alloh kana yuswana ki dulur anu jadi gaganti. Saestuna, pangsae-saena dulur sareng pangsae-saena gaganti sareng pangsae-saena anu sumping nyaeta Muhammad".

Saparantos kitu dibuka lawang langit kangge Malaikat Jibril sareng Kanjeng Nabi saw.

Samangsa-mangsa Kanjeng Nabi ucul-ucul di langit kadua, anjeuna pendak sareng putra bibi ti ibu dua, Nabi Isa as putra Mariam, sareng Nabi Yahya as putra Nabi Zakaria as, sarta kaom-kaomna anu sarupa anggoan sareng rambutna seperti Nabi Isa sareng Nabi Yahya.

Ari Nabi Isa eta sedeung tur dedeg anu codong kana beureum sareng bodas, anu te pati galing rambut mastakana sapertos kakara beres ibak cai haneut ti jamban. Anu wajahna eta Nabi Isa as sarimbagan sareng 'Urwah Ibnu Mas'ud Saqofi.

Tidinya Nabi Isa sareng Nabi Yahya as uluk salam ka Kanjeng Nabi saw sarta diwaler ku Kanjeng Nabi saw kana eta panyalam. Mangka ngadarawuh Nabi Isa as sareng Nabi Yahya as: "Bagea
sumping heh dulur anu sholeh sareng Nabi anu sholeh".

Salajengna aranjeuna ngadaru'akeun ka Kanjeng Nabi ku du'a-du'a kasaean.

Samangsa-mangsa Kanjeng Nabi ucul-ucul di langit kadua, anjeuna pendak sareng putra bibi ti ibu dua, Nabi Isa as putra Mariam, sareng Nabi Yahya as putra Nabi Zakaria as, sarta kaom-kaomna anu sarupa anggoan sareng rambutna seperti Nabi Isa sareng Nabi Yahya.

Ari Nabi Isa eta sedeung tur dedeg anu codong kana beureum sareng bodas, anu te pati galing rambut mastakana sapertos kakara beres ibak cai haneut ti jamban. Anu wajahna eta Nabi Isa as sarimbagan sareng 'Urwah Ibnu Mas'ud Saqofi.

Tidinya Nabi Isa sareng Nabi Yahya as uluk salam ka Kanjeng Nabi saw sarta diwaler ku Kanjeng Nabi saw kana eta panyalam. Mangka ngadarawuh Nabi Isa as sareng Nabi Yahya as: "Bagea
sumping heh dulur anu sholeh sareng Nabi anu sholeh".

Salajengna aranjeuna ngadaru'akeun ka Kanjeng Nabi ku du'a-du'a kasaean.
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KATILU SARTA TEPANG SARENG NABI YUSUF AS

Ti langit kadua teras naek Kanjeng Nabi saw ka langit katilu.

Di eta langit Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun kana lawang langit.

Mangka naros anu ngajaga eta lawang: "Saha ieu teh?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Jibril!".

Naros deui anu ngajaga lawang: "Sareng saha anjeun?".

"Sareng tuan Muhammad", saur Jibril.

"Naha geus diutus?", saur nu ngajaga lawang.

Ngawaler malaikat Jibril: "Atuh puguh we atos mah".

Ngadawuh deui anu ngajaga lawang: "Bagea sumping di tempat lega sareng ahli. Muga-muga manjangkeun yuswa Alloh Ta'ala ka ki dulur anu jadi
gaganti. Mangka ari
pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad sareng ari pangsae-saena gaganti sareng pangsae-saena anu sumping eta sumping Muhammad".

Mangka dibuka lawang langit ka Kangjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Samangsa-mangsa Nabi saw ucul-ucul, anjeuna pendak sareng Nabi Yusuf as anu disarengan ku sagolongan tina kaomna. Mangka uluk salam Kanjeng Nabi ka Nabi Yusuf, sarta ngawaler nabi Yusuf kana salamna Kanjeng Nabi saw.

Ngadawuh Nabi Yusuf as: "Bagea sumping heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".

Sareng ngadu'a Nabi Yusuf ka Kangjeng Nabi kalawan ku kasaean.

Ari Kanjeng Nabi Yusuf dipasihan saparo kakasepan.

Dina hiji riwayat, Nabi Yusuf teh pangkasepna anu didamel ku Gusti Alloh ta'ala. Parantos ngungkulan Nabi Yusuf ka jalma kalawan kakasepan saperti ngungkulannana bulan dina peutingan purnama kana pirang-pirang bentang.

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Saha ieu teh, ya Jibril?".

Mangka ngadawuh Malaikat Jibril: "Ieu teh dulur salira, Nabi Yusuf".
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KAOPAT SARTA TEPANG SARENG NABI IDRIS AS

Ti langit katilu teras naek Kanjeng Nabi ka langit ka Opat.

Tidinya Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun lawang langit ka malaikat anu ngajaga lawang.

Naros anu ngajaga lawang: "Saha ieu?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Jibril!".

"Sareng saha?", saur nu ngajaga lawang.

Diwaler deui ku Jibril as: "Sareng tuan Muhammad".

"Naha parantos diutus anjeuna?", saur malaikat nu ngajaga lawang.

Dawuhan Malaikat Jibril: "Puguh we atos mah".

Mangka ngadawuh anu ngajaga: "Bagea sumping di tempat lega sareng ahli. Muga-muga manjangkeun yuswa
Alloh ta'ala ka ki dulur anu jadi gaganti. Ari pangsae-saena dulur
nyaeta Muhammad. Ari pangsae-saena gaganti sareng pangsae-saena anu sumping nyaeta sumpingna Muhammad".

Mangka dibuka langit
ka Kangjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Samangsa-mangsa Nabi saw leureuh, anjeuna pendak sareng Nabi Idris as anu parantos diangkat ku Alloh Ta'ala kana tempat anu luhur.

Mangka uluk salam Kangjeng Nabi ka Nabi Idris as kalawan ngawaler anjeuna kana eta salam.

Ngadawuh Nabi Idris: "Bagea sumping heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".

Mangka ngadu'akeun Nabi Idris ka Kangjeng Nabi kalawan kasaean.
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KALIMA SARTA TEPANG SARENG NABI HARUN AS

Ti langit kaopat teras Kanjeng Nabi naek deui ka langit kalima.

Di dinya Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun kana lawang langit ka malaikat anu ngajaga lawang.

Mangka naros anu ngajaga: "Saha ieu teh?".

Waler malaikat Jibril: "Jibril!".

"Sareng saha anjeun teh?", saur nu ngajaga lawang.

"Sareng tuan Muhammad", waler Jibril.


"Naha parantos diutus anjeuna?", saur nu ngajaga.

Waleran Malaikat Jibril: "Puguh we atos mah".

Mangka ngadawuh anu ngajaga: "Bagea sumping Muhammad di tempat lega sareng ahli. Muga Alloh Ta'ala manjangkeun yuswa ki dulur nu jadi gaganti. Ari nu pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad, sareng pangsae-saena gaganti sareng anu sumping nyaeta sumpingna Muhammad".

Mangka dibuka langit ka kangjeng Nabi sareng malaikat Jibril.

Samangsa-mangsa Nabi saw leureuh, anjeuna pendak sareng Nabi Harun as. Halna Nabi Harun as eta saparo janggotna bodas, ari saparona deui hideung, ampir kana udelna tina sabab panjangna eta janggot. Di kenca
katuhueun Nabi Harun as aya kaom ti golongan Bani Isroil. Nalika eta Nabi Harun keur ngadongeng ka eta kaomna, mangka uluk salam Kanjeng Nabi ka Nabi Harun.

Teras Nabi Harun ngawaler kana eta salam, sarta ngadawuh Nabi Harun as: "Bagea heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".

Teras ngadu'akeun Nabi Harun ka Kanjeng Nabi kalawan kasaean.

Teras Kanjeng Nabi ngadawuh ka Malaikat Jibril: "Saha
ieu teh, ya Jibril?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Ieu teh pameget anu di pikaresep ku kaomna, nyaeta nabi Harun putrana 'Imron.
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KAGENEP SARTA TEPANG SARENG NABI MUSA AS

Ti langit kalima teras Kanjeng Nabi naek ka langit kagenep.

Tidinya Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun lawang ka anu ngajaga.

Mangka naros anu ngajaga lawang: "Saha ieu teh?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Jibril!".

Teras anu ngajaga lawang naros deui: "Saha anu sareng anjeun?".

Waler Malikat Jibril: "Tuan Muhammad".

Naros deui anu ngajaga lawang: "Naha anjeuna teh parantos di utus?".

Saur Malaikat Jibril: "Atuh puguh we parantos mah".

Dawuhan anu ngajaga lawang: "Bagea sumping Muhammad di tempat lega sareng ahli. Muga Alloh manjangkeun yuswa ki dulur anu janten gaganti. Ari nu pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad. Ari nu pangsae-saena gaganti sareng pangsae-saena anu sumping nyaeta sumpingna Muhammad".

Mangka dibuka langit
ka Kanjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Salajengna Kanjeng Nabi ngalangkung kana sababaraha riungan para nabi jeung kaomna.

Teras Nabi saw ngalangkung ka hiji golongan anu seueur anu nutupan kana paninggal saking seueurna.

Mangka ngadawuh Kanjeng Nabi: "Saha eta golongan teh?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Eta teh Nabi Musa sarta kaomna. Geura tanggahkeun mastaka salira".

Mangka tanggah Nabi saw kangge langkung sidik, teras anjeuna ninggal kana golongan anu kacida seueurna, anu nutupan kana paningal, ti gigir nepi ka gigir deui ti sadaya jihat.

Teras dicarioskeun ka Kanjeng Nabi: "Ari maranehna teh umat salira, sareng salian ti maranehna eta aya deui 70.000 anu arasupna ka sorga teh henteu kalawan dihisab heula".

Samangsa-mangsa Nabi saw reureuh, anjeuna pendak sareng Nabi Musa as, nyaeta pameget anu hideung santen anu jangkung, saolah-olah ti golongan pameget bangsa Sanuah anu gomplok rambutna.

Lamun dikira-kira, Nabi Musa as nganggo komis dua, mangka pasti nojos rambutna bijil ka luar komis duanana.

Salajengna uluk salam Kanjeng Nabi saw ka Nabi Musa as.

Diwaler ku Nabi Musa as bari sasauran: "Bagea sumping heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".

Tidinya Nabi Musa as ngadu'akeun ka Kanjeng Nabi kalayan kasaean.

Salajengna ngadawuh deui Nabi Musa as: "Tadina mah kaula nyangka, yen saenya-enyana kaula pangmulya-mulyana bani Adam mungguh Alloh, tinimbang ieu nabi. Balik ta, nyatana ieu nabi leuwih mulya munguh Alloh Ta'ala batan kaula".

Samangsa Kanjeng Nabi saw ngalangkung ka Nabi Musa as, mangka anjeuna nangis. Teras ditaros: "Kunaon make nangis?".

Saur Nabi Musa as: "Kaula ceurik karana ieu budak ngora diutus sanggeus kaula asup ka sorga. Sarta ti golongan umatna leuwih loba tinimbang jalma anu asup ka sorga ti umat kaula nyaeta Bani Isroil. Kaula nyangka yen saenya-enyana kaula pangmulyana turunan Nabi Adam mungguh Alloh. Ari nyatana ieu lalaki ti Bani Adam ngagantian kaula di dunya sedengkeun kaula di akherat. Lamun mah kamulyaan aya di awakna wungkul, mangka henteu merduli kaula, tapi ieu mah ku sareng umatna".
-

NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KATUJUH SARTA TEPANG SARENG NABI IBROHIM AS

Ti langit kagenep teras Kanjeng Nabi naek ka langit katujuh.

Teras Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun lawang langit.

Teras aya anu naros: "Saha ieu teh?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Kami Jibril!".

Teras ditaros deui: "Sareng saha anjeun teh?".

"Sareng tuan Muhammad", saur Malaikat Jibril.

"Naha parantos diutus ajeuna teh?", saur nu naros.

"Atuh puguh atos mah", saur Jibril deui.

Teras anu naros teh ngadawuh: "Bagea sumping di tempat lega sareng ahli. Mudah-mudahan Alloh manjangkeun yuswa ieu ki dulur anu jadi gaganti. Saenya-enyana ari Muhammad eta pangsaena dulur sareng pangsae-saena gaganti sarta pangsae-saena anu sumping".

Teras dibuka lawang langit ka Malaikat Jibril sareng ka Kanjeng Nabi saw.

Samangsa-mangsa Nabi saw ucul-ucul, anjeuna kaget wirehna pendak sareng Kanjeng Nabi Ibrohim "Kholillulloh" as.

Anjeuna nuju calik di lawang sorga dina korsi tina emas. Anjeuna nyarandekeun tonggongna kana Baetul Ma'mur, sarta ngiring ka anjeuna sagolongan ti kaomna.

Mangka uluk salam Kanjeng Nabi ka anjena sarta diwaler ku Nabi Ibrohim as kana eta salam.

Ngadawuh Nabi Ibrohim as: "Bagea sumping heh putra anu sholeh sarta nabi anu sholeh".

Teras ngadawuh deui Nabi Ibrohim as: "Parentah ku anjeun umat anjeun kudu ngalobakeun melak tina pepelakan sorga. Saenya-enyana, tanah sorga eta lendo, sareng jagatna lega".

Lajeng ngadawuh Kanjeng Nabi saw: "Naon ari pepelakan sorga teh?".

Mangka ngadawuh Nabi Ibrohim as: "Nyaeta laa haula wa laa quwwata illa billahil 'aliyil 'Adziim".

Dina sapalihna riwayat disaurkeun: "Tepikeun ka umat anjeun ti kaula kana salam, sareng wartoskeun ka maranehna saenyana sorga eta lendo
tanahna tawar, seger caina. Saenyana pepelakannana teh: subhanallooh wal hamdulillaahh wa laa ilaahha illalloohhu alloohhu akbar".


Di caketeun Nabi Ibrohhm as aya kaom anu nuju caralik. Pameunteunna barodas sapertos sapirang-pirang keretas.

Sareng salian ti eta aya deui sagolongan kaom anu dina rupana teh kalalotor.

Teras eta kaum anu rupana kalalotor teh jung nangtung tarurun ka bangawan, teras marandi. Nalika maranehna haranjat ti eta bangawan katingal rupana teh bersih kokotorna sakedik.

Teras tarurun deui kana bangawan anu kadua, tuluy marandi deui di eta bangawan. Nalika haranjat, katingal rupana tambah bersih tina kokotorna.

Teras tarurun deui kana bangawan anu katilu, tuluy marandi deui di eta bangawan. Nalika haranjat, katingal rupana tambah bersih dongkap saperti
rupa baturna, sarta nyalampeurkeun dariuk jeung baturna.

Lajeng ngadawuh Kanjeng Nabi saw: "Heh Jibril, saha eta anu barodas sareng anu dina rupana aya kacacadan teh? Sareng ari eta bangawan-bangawan naon anu dipake mandi teh?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Ari eta kaom anu rupana barodas teh kaom anu henteu nyampurkeun iman ku dosana. Anapon kaom anu dina wajah-wajahna aya kokotor, eta teh kaom anu nyampurkeun amal sholeh sareng kagorengan teras tarobat, teras ku Gusti Allah ditampi tobat-tobatna. Anapon ari bangawan anu kahiji tinu nu tilu nyaeta Rohmat Alloh. Ari anu kadua nyaeta Ni'mat Alloh. Ari anu katilu nyaeta inuman anu bersih anu dipaparinkeun ka maranehna".
-

BAETUL MA'MUR

Dicarioskeun Kanjeng Nabi saw pendak sareng umatna dua jajar. Sajajar marake baju anu bodas kaya kertas, jeung sajajar deui marake baju karuleuheu.

Teras Kanjeng Nabi lebet ka Baetul Ma'mur sareng jeung anu nganggo anggoan barodas. Ari anu ngangge anggoan anu karuleuheu mah dihalangan.

Salajengna Nabi saw netepan sasarengan golongan mu'min di Baetul Ma'mur.

Salajengna lalebet ka eta Baetul Ma'mur tiap-tiap dinten 70.000 malaikat anu henteu kaluar deui nepi ka yaomal qiyamah.

Saenyana Baetul Ma'mur teh lempengan Ka'bah. Lamun aya nu murag batu ti Baetul Ma'mur, mangka pasti muragna teh di Ka'bah.

Dina sapalihna riwayat, diasongkeun ka Kanjeng Nabi 3 wadah. Mangka nyandak Kangjeng Nabi kana cai susu, teras ngabenerkeun Malaikat Jibril kana padamelan Kanjeng Nabi sakumaha anu tos diriwayatkeun dina riwayat ti payun.

Ngadawuh Malaikat Jibril: "Ari ieu agama anu dicepeng ku salira sareng umat salira.
-

NABI SAW DITAEKEUN KA SIDROTIL MUNTAHA

Saterasna ti langit katujuh Nabi saw ditaekeun ka Sidrotil Muntaha.

Ari Sidrotil Muntaha teh panungtungan perkara anu naek ti bumi mangka disetop teu bisa ka luhur deui, sarta panungtungan
perkara anu turun ti luhur mangka di setop henteu bisa ka handap deui.

Kaayaan Sidrotil Muntaha teh kaya-kaya kayu anu kaluar tina akarna pirang-pirang bangawan anu caina henteu asin rasana. Jeung tina pirang-pirang bangawan susu anu henteu barobah
rasana. Jeung tina pirang-pirang bangawan arak anu ngeunah diinumna. Jeung tina pirang-pirang bangawan madu anu di bersihkeun.


Mun mah tutumpakan dina iyuh-iyuhna Sidrotil Muntaha 70 taun, mangka henteu bisa ka kurilingan eta Sidrotil Muntaha saking legana.

Ari buah Sidrotil Muntaha eta kaya-kaya gentong tanah Hajar. Jeung ari daunna Sidrotil Muntaha eta seperti ceuli-ceuli gajah. Ampir wae eta daun teh nuruban ka ieu umat.

Dina sapalihna riwayat, daun tina Sidrotil Muntaha teh ngiuhan ka sakabeh jalma. Dina tiap-tiap daun dina eta kayu aya malaikat, mangka eta Sidrotil Muntaha kaliputan ku rupa-rupa warna, sahingga teu kanyahoan naon eta teh.

Samangsa-mangsa ngaliputan hiji perkara tina "amrulloh", mangka barobah eta Sidrotil Muntaha.

Dina sapalihna riwayat deui, Sidrotil Muntaha teh pindah rupa jadi yakut jeung zabarjad, mangka moal kawasa hiji jalma nyipatan kana eta Sidrotil Muntaha tina alusna Sidrotil Muntaha.

Dina eta Sidrotil Muntaha aya kasur tina emas.

Dina asalna, Sidrotil Muntaha aya opat bangawan. Dua bangawan anu sifatna batin, dua bangawan deui anu dohir.

Teras ngadawuh Kanjeng Nabi: "Bangawan-bangawan naon ieu teh, heh Jibril?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Anapon bangawan anu dua anu bangsa batin eta ayana di sorga. Ari dua deui anu bangsa dohir eta bangawan Nil jeung bangawan Purot".

Dina sapalihna riwayat dicarioskeun, saenya-enyana Kanjeng Nabi ningal Malaikat Jibril nalika di Sidrotil Muntaha kagungan 600 jangjang. Saban-saban jangjang eta temen-temen nutupan kana pajajahan. Gumelar tina eta jangjang perkara-perkara anu sararae, nyaeta inten mutiara jeung yakut, tina perkara anu henteu uninga anging Alloh Ta'ala.
-

TALAGA KAUTSAR

Teras Kanjeng Nabi angkat
ka Talaga Kautsar, tuluy lebet ka sorga.

Nalika anjeuna lebet ka sorga, di lebetna teh pinuh ku kani'matan anu panon can pernah ningali, ceuli can pernah ngarungu, jeung henteu bisa dibayangkeun ku hate hiji jalma.

Di dinya Nabi saw ninggal kana tulisan luhur panto:
"Ari Shidqoh Eta Ditikelkeun Kalawan Sapuluh, Ari Ngahutangkeun Eta Kalawan Dalapan Belas".

Tidinya Kangjeng Nabi ngadawuh: "Ya Jibril, naon sababna ari nganjukeun make leuwih utama tinimbang shodakoh?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Karana anu menta eta lolobana di manehna masih bogaen keneh. Ari anu nginjeum mah tara nginjeum anging tina sabab butuh".

Teras Nabi saw angkat deui. Anjeuna ninggal pirang-pirang bangawan tina cai susu anu rasana henteu robah, jeung bangawan tina arak anu ngeunah keur anu ngarinumna. Sarta pirang-pirang bangawan tina madu anu murni.
Di eta sorga Kanjeng Nabi mendakan dalima anu gedena lir ibarat kulit-kulit onta anu di momotan, sarta manuk-manukna sagede-gede onta bukhoti.

Mangka tumaros Abu Bakar Shidiq ka Kanjeng Nabi nalika ngahikayat anjeuna ka Abu bakar: "Ya Rosululloh, naha eta manuk teh sok dianggo nini'matan di Sorga?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Kaula ngadahar kana manuk anu leuwih ni'mat. Jeung saenya-enyana kaula ngarep-ngarep anjeun bisa ngadahar kana eta manuk".

Kanjeng Nabi ningal Talaga Kautsar dua sisi-sisina aya kubah-kubah tina inten anu gedé anu bolong. Ari tanah eta talaga tina kasturi anu meleber seungit.
-

NARAKA

Salajengna diasongkeun ka Kanjeng Nabi Naraka.

Di eta naraka pinuh ku bebendon jeung panundung sarta siksaan Alloh Ta'ala.

Lamun dialungkeun kajero naraka batu jeung beusi, yakti ancurna.
Di eta naraka Nabi saw ningal aya kaom anu ngadaharan bangke, mangka ngadawuh Kanjeng Nabi: "Saha maranehna teh, ya Jibril?".

Ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh jalma anu sok ngadahar daging jalma".
-

MALAIKAT MALIK NGAJAGA NARAKA

Teras ningal Kanjeng Nabi ka Malaikat Malik, nyaeta juru konci naraka.

Ari Malaikat Malik teh saperti lalaki anu haseum budi. Katempo kaambekannana teh tina pameunteuna.

Teras Kanjeng Nabi uluk salam ka Malaikat Malik, tapi kalakah ditulakan eta naraka payuneun Kanjeng Nabi .
-

DITAEKEUNANA NABI SAW KA MUSTAWA

DITAEKEUNANA NABI SAW KA MUSTAWA

Salajengna ti Sidrotul Muntaha Nabi saw ditaekeun ka Mustawa.

Nalika anjeuna naek, mangka ngaliputan mega. Dina eta mega aya sagala rupaning warna. Mangka Malaikat Jibril manderikeun maneh teu nyarengan Nabi saw. Terus Kanjeng Nabi naek nyalira dugi ka Mustawa.

Di eta tempat nguping Kanjeng Nabi kana gerétna Qolam. Sarta ningal Kanjeng Nabi ka hiji lalaki anu teuteuleuman dina cahaya 'Arasy.

Mangka ngadawuh Kanjeng Nabi: "Saha ieu teh, naha malaikat?".

Teras diwaler: "Sanes".

Teras Kanjeng Nabi naros deui: "Naha ieu teh nabi?".

Diwaler deui: "Sanes".

Naros deui Kanjeng Nabi: "Saha atuh?".

Mangka aya nu ngawaler: "Ieu teh lalaki anu di dunyana lisanna teh baseuh bae ku dzikir ka Alloh, sareng hatena terus cumantel ka masjid, sareng henteu carekeun indung bapana sama sekali".
-

TEPANGNA NABI SAW SARENG ALLAH SWT DI MUSTAWA

(Saparantos Nabi saw di Mustawa) Teras ningal Kanjeng Nabi ka Pangeranna, nyatana Alloh Subhana Wa Ta'ala, mangka ngajungkel Kanjeng Nabi saw sujud.

Mangka ngadawuh Alloh Ta'ala ka Kanjeng Nabi: "Heh Muhammad!".

Ngawaler Kanjeng Nabi: "Sun kaula nun, ieu abdi, aya pikersaeun naon, Ya Rob".

Ngadawuh Alloh Ta'ala: "Pek geura menta maneh!".

Teras ngadawuh Kanjeng Nabi: "Satemenna Gusti ngajantenkeun Nabi Ibrohim kakasih Salira, sareng maparin Gusti ka anjeuna karajaan anu ageung. Sareng ngajak nyarios Gusti ka Nabi Musa. Sareng maparin Gusti ka Nabi Daud kana karajaan anu ageung, sareng ngaleuleuskeun Gusti ka Nabi Daud kana beusi, sarta nalukkeun Gusti pikeun Nabi Daud kana gunung-gunung. Sareng maparin Gusti ka Nabi Sulaeman kana karajaan anu ageung, sareng nalukkeun Gusti pikeun Nabi Sulaeman kana Jin sareng jalma-jalma sareng Syetan-syetan.
Sareng nalukkeun Gusti kangge Nabi Sulaeman kana pirang-pirang angin. Sareng maparin Gusti ka anjeuna kana karajaan anu henteu dipaparinkeun ka hiji
jalma oge ti saba'dana anjeuna. Sareng ngalungsurkeun Gusti ka nabi Sulaeman kana Toret sareng injil. Sareng ngajantenkeun Gusti ka Nabi 'Isa tiasa nyageurkeun ka anu lolong, sareng kanu corob, sareng tiasa ngahirupkeun deui Nabi 'Isa
kanu maot ku idzin Gusti, sareng ngaraksa ka anjeuna oge ka ibuna tina syetan anu dirajam sahingga henteu aya jalan ka syetan kana ngagoda ka Nabi 'Isa sareng ibuna".

Dina Kitab Taorot ditulis Allah swt ngadawuh: "Geus ngajadikeun Kami ka maneh kana pangkat Habiballoh (kakasih Alloh). Jeung Kami ngutus ka maneh pikeun jalma-jalma sakabehna, halna kanu ngabubungah jeung nyingsieunan, jeung ngajembarkeun Kami ka maneh kana dada maneh. Jeung ngagugurkeun Kami ti maneh kana dosa maneh. Jeung ngangkat Kami ka maneh kana gelar maneh henteu disebut Kami anging disebut ngaran maneh sarta ngaran Kami. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh kana pangalus-alusna umat di antara jalma-jalma. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh kana umat anu nengah-nengah. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh umat-umat anu ti hareula jeung anu ti palaneuri. Jeung ngajadikeun Kami ka umat maneh yen henteu meunang ka maranehna khutbah sahinga kudu nyaraksian heula kana saenya-enyana maneh ieu Abdi Kami jeung Utusan Kami. Jeung ngajadikeun Kami ti sawareh umat maneh kana pirang-pirang kaom hate-hatena teh pirang-pirang wadah elmu. Jeung ngajadikeun Kami ka maneh kana pangheulana nabi kabeh didambelna jeung pangakhirna diutusna, jeung pangheulana jalma dihukuman ka manehannana. Jeung Kami mere ka maneh "Sab'al Matsaani", anu henteu mikeun kana eta Sab'al Matsaani ka hiji nabi oge memeh maneh. Jeung Kami ge mere ka maneh kana pirang-pirang tungtung surat Al-Baqoroh tina gudang handapeun arasy, anu henteu dibikeun ka hiji nabi ge samemeh maneh. Jeung mere Kami ka maneh Talaga Kautsar. Jeung mere kami ka maneh kana 8 perkara, nyaeta ⑴ Islam (salamet), ⑵ Hijrah (pindah tinu goreng kanu alus, ⑶ Jihad (merangan nafsu angkara mungkar) ⑷ Sidiq (bener), ⑸ Shoum (puasa bulan Romdon), ⑹ Bil Ma'ruf (marentah kalawan ka alusan), ⑺ Nahi Mungkar (nyegah kana kagorengan), ⑻ Sholat jeung Dzikir. Jeung ngahampura Kami kanu te musyrik ka Kami ti umat maneh oge kana hiji perkara anu ngaruksak".
-

BULAK-BALIKNA NABI SAW KA ALLAH SWT NYUHUNKEUN DIPAPARINAN KARINGENAN DINA SHOLAT

Salajengna saba'dana Allah dadawuh, langit ditutup ku mega anu nutupan ka Kangjeng Nabi.

Tidinya katingal deui Malaikat Jibril nuju nungtun kana panangannana. Mangka mulih Kanjeng Nabi bari gagancangan.

Satibana dongkap kana tempat Nabi
Ibrohim as, anjeuna te nyarios naon-naon ka Kanjeng Nabi saw.

Satibana dongkap kana tempat Nabi Musa as, anjeuna ngadawuh: "Ari anjeun eta pangsae-saena rencang".

Teras ngadawuh deui: "Naon anu dipidamel ku anjeun, heh Muhammad? Naon anu di pardukeun
ku Alloh Ta'ala ka anjeun sareng ka umat anjeun?".

Mangka ngadawuh Kanjeng Nabi : "Mardukeun Alloh Ta'ala ka kaula sareng umat kaula kana 50 sholatan dina saban-saban sadinten sawengi".

Ngadawuh deui nabi Musa as: "Mulih deui bae anjeun ka Pangeran anjeun, teras suhunkeun kaentengan ka Mantena ti anjeun sareng umat anjeun, karana saenya-enyana umat anjeun moal kuat kana eta 50 sholatan. Saenya-enyana kaula enggeus nyoba ka jalma-jalma samemeh anjeun, sareng nyoba kaula ka Bani Isro'il, sareng ngakal-ngakal kaula ka Bani Isro'il kalawan pameakan akal-akal kana sahandapeun ti ieu, mangka apes maranehannana tina sahandapeun ti ieu sareng ninggalkeun kana eta perkara. Kari-kari umat anjeun eta leuwih lemah jasad-jasadna, sareng badan-badana sareng hate-hatena sareng panon-panona, sareng ceuli-ceulina".

Teras ngaleret Kanjeng Nabi saw ka Malaikat Jibril halna nyuhunkeun permusyawarahan. Mangka isyarah Kanjeng Nabi kahartieun ku Malaikat Jibril.

Mangka ngadawuh Malaikat Jibril: "Sumuhun, saena mah mulih deui bae".

Mangka mulih deui Kanjeng Nabi bari gagancangan sahinga dugi kana tangkal kayu tea. Mangka ngaliputan ka Kanjeng Nabi mega, sareng ngajungkel Kanjeng Nabi halna sujud.

Teras unjukan Kanjeng Nabi: "Nun Gusti Pangeran abdi, mugi ngahampangkeun Gusti ka umat abdi, karana saestuna umat abdi eta pangapes-apesna umat".

Mangka ngadawuh Alloh Ta'ala: "Ngagugurkeun Kami ka umat maneh kana 5 shalatan".

Saterasna ti eta ngabulen mega kana salirana Kanjeng Nabi, teras mulih ka nabi Musa as.

Mangka ngadawuh Kangjeng Nabi: "Ngagugurkeun Alloh Ta'ala ti kaula kana 5 sholatan".

Lajeng ngadawuh Nabi Musa as: "Mulih deui bae ka Pangeran anjeun teras suhunkeun ka entengan deui ka Mantena. Karana saenya-enyana umat anjeun eta moal kuateun keneh kana diturunkeun sakitu mah".

Mangka henteu eureun-eureun bulak-balik Kanjeng Nabi antara Nabi Musa sareng Pangerannana.

Mangka nurunkeun Alloh Ta'ala ti Kanjeng Nabi lima-lima, saahingga ngadawuh Alloh Ta'ala: "Heh Muhammad!".

Unjukan Kanjeng Nabi: "Sumuhun ieu abdi seja tumut sareng ngakhodaman ka Salira Gusti".

Ngadawuh Alloh Ta'ala: "Eta kabehna teh 5 sholatan dina saban-saban poe jeung peuting. Ari saban-saban sholat ditikel kalawan 10, mangka anu 5 teh sarua jeung 50 sholatan. Jeung moal diganti ucapan mungguh Kami, jeung moal disalin kitab Kami. Saha jalma anu neja kana kaalusan tuluy henteu migawe kana eta kaalusan, mangka dituliskeun ka manehna 1 kaalusan. Lamun migawe manehanana kana kaalusan, mangka dituliskeun kalawan 10 kaalusan. Jeung saha anu neja kana kagorengan, tuluy eta kagorengan henteu dipigawe ku manehannana, mangka henteu dituliskeun eta
kagorengan ka manehannana sanajan
1 kagorengan ge. Terus lamun mah maranehna migawe kagorengan, mangka dituliskeun eta ka gorengan ku 1 kagorengan".
-

MULIHNA NABI SAW TI MUSTAWA LUNGSUR KA LANGIT DUNYA

Teras muka deui mega, mangka lungsur Kanjeng Nabi sarta dugi deui ka Nabi Musa as.

Tidinya Nabi saw ngawartoskeun ka Nabi Musa.

Teras ngadawuh deui Nabi Musa as: "Mulih deui
bae ka Pangeran anjeun, teras suhunkeun deui karingan. Saenyana umat anjeun eta moal kuateun ku sakitu mah".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Parantos bulak-balik kaula ka Pangeran kaula, sahingga kaula ngarasa isin ka mantena. Ayeuna mah kaula rido bae sareng pasrah".

Tidinya aya anu ngagero: "Saenya-enyana geus ngaluluskeun Kami kana kaparduan Kami, jeung geus ngahampangkeun Kami ka abdi-abdi kami!".

Mangka ngadawuh Nabi Musa as ka Kanjeng Nabi saw: "Pek geura lungsur anjeun kalayan ngucap bismillaah".

Salajengna teu pati-pati ngalangkung Kanjeng Nabi ka pagolongan malaikat, anging nyarios kudu ngadawamkeun anjeuna kalawan diserot.

Dina hiji riwayat mah dicarioskeun yen Nabi saw kudu marentahkeun ka umatna
kalawan diserot.

Teras lungsur Kanjeng Nabi, sarta ngadawuh ka Malaika Jibril: "Henteu datang kaula ka ahli langit, anging ngabageakeun sadayana ka kaula sareng ngajak seuri ka kaula salian anu saurang. Kaula uluk salam ka aranjeuna sarta ngajawab kana salam
kaula sarta ngabageakeun ka kaula, sareng ngadu'akeun ka kaula. Halna anu henteu seuri ka kaula, eta teh saha?".

Mangka ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh Malaikat Malik juru konci naraka. Ari anjeuna mah henteu kantos seuri ti kawit di damel. Upami anjeuna kantos seuri ka saha bae, mangka tangtos seuri anjeuna ka salira".

Salajengna samangsa lungsur Kanjeng Nabi ka langit dunya, anjeuna mendakan haseup nu kandel sareng ngadangu sora-sora anu ngaguruh.

Ngadawuh anjeuna: "Naon ari eta, heh Jibril?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Eta teh syetan-syetan anu ngaraliud luhureun panon-panona anak Adam anu henteu tapakur kana ieu karajaan langit sareng bumi. Lamun
henteu aya eta syayatiin (syetan-syetan), mangka pasti naringali Bani Adam kana kaanehan-kaanehan ieu karajaan".
-

PENDAKNA NABI SAW JEUNG ONTAN-ONTAN SAWANGSULNA ANJEUNA MULIH TI LANGIT

Teras Kanjeng Nabi saw mulih, sarta anjeuna ngalangkung ka ontan-ontan urang Quresy. Dina tempat ontan-ontan, aya onta anu dina tarangna aya dua warna anu aralus, sawarna hideung jeung sawarna deui bodas.

Samangsa mapah Kanjeng Nabi ka eta ontan-ontan, mangka ngaradat eta ontan-ontan pating kulinting, pating jarerit sarta eta ontan-ontan pada pebencar.

Sareng ngalangkung Kanjeng Nabi kana golongan hiji bani anu kaleungitan hiji onta anu pabencar, sarta eta onta-onta teh geus dikumpulkeun deui ku maranehna, mangka salam Kanjeng Nabi ka maranehna.

Ngomong salah saurang ti maranehna: "Ieu teh asa sora Muhammad?".

Tidinya teras Kanjeng Nabi nyumpingan ka sahabat-sahabatna samemeh shubuh di kota Mekah.
-

NGABOHONGKEUNANA URANG QURESY KANA ISRONA NABI SAW

Barang isuk-isuk kabuktian jalma-jalma pada ngabohongkeun halna anjeuna parantos tepang sareng ontan-ontan samemeh shubuh, mangka anjeuna calik bari ngaraoskeun bingung.

Tidinya ngaliwat Abu Jahal musuh Alloh sarta diuk caketeun Kanjeng Nabi.

Teras ngomong manehna ka Kanjeng Nabi kaya-kaya ngaguguyonkeun: "Cik coba, sugan aya deui dongeng naon ayeuna?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Sumuhun aya".

Ceuk Abu Jahal: "Dongeng naon?".

Dawuhan Kanjeng Nabi: "Diisrokeunana abdi dina peuting tadi".

Ceuk Abu Jahal: "Kamana?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Ka Baetul Muqodas, Mang".

Ceuk Abu Jahal: "Gening enjing-enjing keneh geus aya di dieu deui?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Sumuhun".

Abu Jahal henteu nembongkeun yen manehannana ngabohongkeun alatan sieun Kanjeng Nabi henteu kersaeun nyarioskeun, mangka ngomong Abu Jahal: "Kumaha mun kaula ngageroan jalma sina ngumpul ngadengekeun dongeng anjeun seperti anu geus diomongkeun ku anjeun ka kaula?".

Dawuhan Kanjeng Nabi: "Kantenan mangga".

Ceuk Abu Jahal: "Heh Bani Ka'ab bin Lu-ay, kadarieu sarerea!".

Teras pinuh eta tempat dariuk ngariung Kanjeng Nabi.

Ceuk Abu Jahal: "Coba pok geura nyarita anjeun kana perkara anu tadi geus didongengkeun ka kaula".

Teras ngadawuh Kanjeng Nabi saw: "Saleresna kaula teh di isrokeun dina peuting tadi".

Ceuk kaom anu ngariung: "Kamana?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Ka Baetul Muqodas".

Ceuk eta kaom: "Gening enjing-enjing tos aya di dieu deui?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Leres".

Teras di antara eta kaom aya anu keprok, kekecrek jeung aya anu nyabakan sirahna, alatan ngarasa kaget. Jeung ngaguruh eta kaom ngaranggap piraku.
-

DIGELARANANA ABU BAKAR KU JENENGAN AS-SIDIQ

Mangka ceuk Mut'im bin 'Adi: "Sakabeh perkara anjeun memeh poe ieu mah eta hampang jeung enteng salian ucapan anjeun dina poe ieu. Nyaksian kaula saenya-enyana anjeun eta bohong. Kaula indit nyaba tumpak onta ka Baetul Muqodas, inditna dina sabulan balikna dina sabulan. Kari-kari ayeuna anjeun nyarita indit ka Baetal Muqodas dina waktu sapeuting. Demi Pangeran Lata jeung 'Uzza, henteu ngabenerkeun kaula ka anjeun".

Tidinya ngadawuh Sayyidi Abu bakar: "Heh Mut'im, kacida gorengna eta omongan ka dulur anjeun teh, ngawiwirang. Kanyahokeun ka anjeun jeung ka Ibnu Akhika, saestuna kaula nyaksian Muhammad eta bener".

Teras eta kaom nyararita: "Heh Muhammad, coba gambarkeun ku anjeun sipat Baetal Muqodas ka urang kabeh, kumaha adegannana sareng kumaha tingkahna sareng kumaha caketna ti gunung", ti ieu kaom aya anu kantos nyaba ka Baetal mukodas.

Mangka paralak Kanjeng Nabi nyipatan ka maranehannana kana adeganana jeng tingkahna,jeng kana deketna ti gunung eta Baetul Muqodas, kalawan henteu eureun-eureun Kanjeng Nabi nyipatan Baetal Muqodas, sahingga anjeuna ngaraos saliru, bingung Kanjeng Nabi anu henteu kantos bingung sapertos ieu alatan babarina anjeuna nyipatan Baitul Muqodas kalawan gampang, kaya-kaya eta Baitul Muqodas didatangkeun kapayuneunana, sahingga tembong katingal eta Baetal Muqodas aya sadeukeuteun ti bumi 'Aqil atawa 'Iqol.

Ngomong deui eta kaom: "Cing sabaraha lawangna eta Baetul muqodas?".

Kanjeng Nabi henteu kantos ngetang kana lawang-lawang di Baitul Muqodas, tapi anjeuna tumandang ningali kana eta lawang-lawang. Teras dietang salawang-salawangna, sareng ngawartoskeun ka eta kaom.

Tidinya Abu Bakar nyarios: "Bener anjeun, bener anjeun. Nyakseni kaula saenyana anjeun eta utusan Alloh".

Ceuk eta kaom: "Anapon ari sipat Baetul muqodas eta demi Alloh nyata pisan benerna".

Teras nyarita eta kaom ka Abu Bakar: "Naha anjeun ngabenerkeun ka Muhammad, kana saenya-enyana anjeuna indit peuting tadi ka Baetal Muqodas jeung geus datang deui memeh subuh?".

Ngadawuh Abu Bakar: "Enya, saenya-enyana kaula yakti ngabenerkeun ka Muhammad dina perkara anu leuwih jauh ti kitu, ngabenerkeun kaula ka anjeuna kalawan berita langit dina waktu saisuk-isuk atawa sasore-sore".

Ku alatan ayana kitu, di jenengan Abu bakar teh aya As-Sidiq (Jalma anu banget benerna).
-

NOLAKNA URANG QURESY KANA BUKTI BENERNA ISRO

Teras ngomong deui eta kaom: "Heh Muhammad, cobi carioskeun ka kaula sadaya perkawis ontan-ontan kaula sadaya?".

Teras ngadawuh Kanjeng Nabi: "Datang kaula ka ontan-ontan Bani Roha anu geus kaleungitan onta. Eta onta ditareangan. Tuluy kaula nepi kana tempat rereb maranehna, jeung henteu aya dina eta tempat rereb saurang oge jalma. Ari pek teh
kaula ningali wadah cai, mangka tuluy nginum kaula tina eta wadah. Terus nepi kaula kana ontan-ontan hiji Bani dina hiji tempat. Jeung dina eta ontan-ontan teh aya onta anu beureum. Dina tarang eta onta aya warna alus anu hideung jeung anu anu bodas.

Barang kaula datang palebah eta ontan-ontan, mangka ngaradat jeung ngagurubug eta onta bereum jeung pabencar. Tuluy kaula nepi ka ontan-ontan ti hiji Bani anu di tanah tan'im. Ngawal ka eta ontan-ontan teh onta
anu kulawu. Kana eta onta teh aya siga tapak nyagap, anu hideung jeung aya warna alus anu hideung duanana. Tah eta ontan-ontan anu panggih di Tan'im teh bakal datang
ka aranjeun ti Saniah".

Cek kaom-kaom: "Iraha dongkapna eta ontan-ontan?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Dina dinten rebo".
-

NABI SAW DIPITNAH JADI TUKANG SIHIR

Samangsa cunduk waktu kana poe rebo tea, ngawas-ngawas ti tempat luhur urang Quresy, pada ngadaragoan kana ontan-ontan. Sareng geus mungkur beurang condong panon poe bari acan datang keneh bae, mangka ngadu'a Kanjeng Nabi saw.

Arah-arah eta du'a, mangka disengker panon poe sahingga daratang ontan-ontan dina waktu tos langkung sajam.
Teras pada nyalamperkeun urang Quresy kana eta ontan-ontan.

Ceuk urang Quresy: "Naha anjeun kaleungitan onta?".

Ceuk ontan-ontan: "Enya".

Pada ngariwayatkeun para rowi yen naranyakeun urang Quresy kana ontan-ontan anu sejena.

Ceuk urang Quresy: "Naha papisah onta aranjeun anu beureum?".
Diwaler: "Enya".

Ceuk urang Quresy deui: "Naha di aranjeun aya wadah dieusian cai?".

Cek hiji lalaki: "Kaula demi Alloh nyimpen dina eta wadah. Henteu aya saurang oge ti kaula anu nginum jeung mahekeun kana taneh".

Tidinya urang Quresy pada nuding ka Kanjeng Nabi geus migawe sihir.

Cek kapir Quresy: "Bener Wuled (jalma anu mimiti nuding sihir ka Kanjeng Nabi)".

Tidinya Alloh swt nurunkeun ayat anu sundana kieu: "Jeung henteu ngajadikeun Kami kana titingalian 'alam malakut anu Kami ningalikeun ka maneh anging jadi fitnah ka jalma-jalma.
-

P A N U T U P

Parantos rengse ieu qishoh kalawan puji Alloh sareng pitulung Alloh Ta'ala.

Mugi Rohmat Allah salalawasna ka Kanjeng Nabi Muhammad sareng ka para kulawargana sareng kasadaya sahabatna kalawan Rohmat sareng Kasalametan nu saseueur-seueurna.

Kalawan nyebat "alhamdulillah" mangka ieu risalah ditutup ku puja-puji ka Allah swt.
-

T a m a t