NGABOHONGKEUNANA URANG QURESY KANA ISRONA NABI SAW

Barang isuk-isuk kabuktian jalma-jalma pada ngabohongkeun halna anjeuna parantos tepang sareng ontan-ontan samemeh shubuh, mangka anjeuna calik bari ngaraoskeun bingung.

Tidinya ngaliwat Abu Jahal musuh Alloh sarta diuk caketeun Kanjeng Nabi.

Teras ngomong manehna ka Kanjeng Nabi kaya-kaya ngaguguyonkeun: "Cik coba, sugan aya deui dongeng naon ayeuna?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Sumuhun aya".

Ceuk Abu Jahal: "Dongeng naon?".

Dawuhan Kanjeng Nabi: "Diisrokeunana abdi dina peuting tadi".

Ceuk Abu Jahal: "Kamana?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Ka Baetul Muqodas, Mang".

Ceuk Abu Jahal: "Gening enjing-enjing keneh geus aya di dieu deui?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Sumuhun".

Abu Jahal henteu nembongkeun yen manehannana ngabohongkeun alatan sieun Kanjeng Nabi henteu kersaeun nyarioskeun, mangka ngomong Abu Jahal: "Kumaha mun kaula ngageroan jalma sina ngumpul ngadengekeun dongeng anjeun seperti anu geus diomongkeun ku anjeun ka kaula?".

Dawuhan Kanjeng Nabi: "Kantenan mangga".

Ceuk Abu Jahal: "Heh Bani Ka'ab bin Lu-ay, kadarieu sarerea!".

Teras pinuh eta tempat dariuk ngariung Kanjeng Nabi.

Ceuk Abu Jahal: "Coba pok geura nyarita anjeun kana perkara anu tadi geus didongengkeun ka kaula".

Teras ngadawuh Kanjeng Nabi saw: "Saleresna kaula teh di isrokeun dina peuting tadi".

Ceuk kaom anu ngariung: "Kamana?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Ka Baetul Muqodas".

Ceuk eta kaom: "Gening enjing-enjing tos aya di dieu deui?".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Leres".

Teras di antara eta kaom aya anu keprok, kekecrek jeung aya anu nyabakan sirahna, alatan ngarasa kaget. Jeung ngaguruh eta kaom ngaranggap piraku.
-