NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KATILU SARTA TEPANG SARENG NABI YUSUF AS

Ti langit kadua teras naek Kanjeng Nabi saw ka langit katilu.

Di eta langit Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun kana lawang langit.

Mangka naros anu ngajaga eta lawang: "Saha ieu teh?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Jibril!".

Naros deui anu ngajaga lawang: "Sareng saha anjeun?".

"Sareng tuan Muhammad", saur Jibril.

"Naha geus diutus?", saur nu ngajaga lawang.

Ngawaler malaikat Jibril: "Atuh puguh we atos mah".

Ngadawuh deui anu ngajaga lawang: "Bagea sumping di tempat lega sareng ahli. Muga-muga manjangkeun yuswa Alloh Ta'ala ka ki dulur anu jadi
gaganti. Mangka ari
pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad sareng ari pangsae-saena gaganti sareng pangsae-saena anu sumping eta sumping Muhammad".

Mangka dibuka lawang langit ka Kangjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Samangsa-mangsa Nabi saw ucul-ucul, anjeuna pendak sareng Nabi Yusuf as anu disarengan ku sagolongan tina kaomna. Mangka uluk salam Kanjeng Nabi ka Nabi Yusuf, sarta ngawaler nabi Yusuf kana salamna Kanjeng Nabi saw.

Ngadawuh Nabi Yusuf as: "Bagea sumping heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".

Sareng ngadu'a Nabi Yusuf ka Kangjeng Nabi kalawan ku kasaean.

Ari Kanjeng Nabi Yusuf dipasihan saparo kakasepan.

Dina hiji riwayat, Nabi Yusuf teh pangkasepna anu didamel ku Gusti Alloh ta'ala. Parantos ngungkulan Nabi Yusuf ka jalma kalawan kakasepan saperti ngungkulannana bulan dina peutingan purnama kana pirang-pirang bentang.

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Saha ieu teh, ya Jibril?".

Mangka ngadawuh Malaikat Jibril: "Ieu teh dulur salira, Nabi Yusuf".
-