NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KAHIJI SARTA TEPANG SARENG NABI ADAM AS

Dina kencaeun batu paragi nalikeun buroq tea, Kangjeng Nabi saw ninggal pirang-pirang widadari. Mangka uluk salam Kanjeng Nabi ka maranehannana. Dijawab ku sadayana widadari kana salamna Nabi saw. Teras Kanjeng Nabi naros ka maranehannana, mangka ngawaler maranehannana ka Kanjeng Nabi ku perkara anu matak bungah kana panon.

Teras didongkapkeun ka Kanjeng Nabi hiji taraje, anu paranti
naek kana eta taraje arwahna bani Adam, mangka teu ninggal sadaya makhluk anu leuwih alus tibatan eta taraje, satete tina perak jeung satete tina emas. Ari eta taraje asalna ti sorga firdaus anu ditaretes ku Inten Lu-Lu.

Beulah katuhueun Kanjeng Nabi saw ngagedeng malaikat jeung beulah kencaeunana ge malaikat, mangka naek Kanjeng Nabi sareng malaikat Jibril, sahingga dugi kana hiji lawang tina lawang langit dunya, anu diaranan lawang Hafadoh. Jeung dina eta lawang Hafadoh aya malaikat anu dijenengan Malaikat Isma'il.

Ari Malaikat Isma'il teh anu nyepeng langit dunya, tempat cicingna di awang-awang. Eta malaikat henteu pernah naek ka langit oge henteu pernah turun ka bumi sama sakali, anging dina dintenan pupusna Kangjeng Nabi saw.

Ari payuneun Kanjeng Nabi, ngagedeng 70.000 malaikat, anu sarat saban-saban malaikat wadya balad ti golongan malaikat 70.000 malaikat. Teras Malaikat Jibril ngetrok kana eta lawang. Saur nu ngajaga: "Saha eta?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Kami Jibril".

Naros deui malaikat nu ngajaga lawang: "Sareng saha anjeun?".

Diwaler ku Jibril as: "Sareng Muhammad".

Saur nu ngajaga lawang: "Naha geus diutus Muhammad?".

Dijawab ku Jibril as: "Atuh puguh".

Dina hiji riwayat nu ngajaga lawang naros: "Naha temen-temen tos diutus?".

Diwaler ku Jibril as: "Atuh puguh we atos mah".

Dawuhan anu ngajaga lawang: "Bagja temenan ka Muhammad di tempat lega sareng di ahli. Muga-muga Alloh manjangkeun umur ki dulur anu jadi gaganti. Saestuna pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad, sareng pangsae-saena gaganti nyaeta Muhammad. Mangga linggih, linggih Muhammad".

Mangka dibuka lawang langit kangge Kanjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Samangsa-mangsa Kanjeng Nabi ucul-ucul dugi di langit kahiji, anjeuna pendak jeung Nabi Adam as.

Ari Nabi Adam teh bapana sakabeh jalma.

Dina dintenan anjeuna didamel ku Alloh Ta'ala, diasongkeun ka anjeuna pirang-pirang arwah ti para nabi sareng arwah turunannana anu mu'min. Mangka ngadawuh anjeuna: "Ruh nu alus jeung nafsu anu sae, jadikeun ku aranjeun
nafsu kana surga 'Iliyin.

Mangka kari-kari diasongkeun ka Kangjeng Nabi Adam as ruh-ruh turunannana anu kafir, mangka ngadawuh anjeuna: "Ruh anu goreng jeung nafsu nu goreng, jadikeun ku aranjeun nafsu kana naraka Sijjin".

Sareng ningal Kangjeng Nabi Adam ka beulah katuhu kana pirang-pirang ruh sareng panto, anu tina eta panto kaluar angin anu seungit. Sareng ti beulah kenca ningal kumpulan ruh sareng panto, anu kaluar tina eta panto angin
anu banget bauna. Mangka samangsa-mangsa anjeuna ningal ka beulah katuhu, mangka anjeuna gumujeng sareng ngarasa bungah. Dimana-mana ningal ka beulah kenca, mangka anjeuna nalangsa sareng nangis.

Mangka uluk salam Kanjeng Nabi Adam ka Kangjeng Nabi saw, sarta ngawaler Kanjeng Nabi saw.

Ngadawuh Kangjeng Nabi Adam as: "Bagea sumping heh putra anu sholeh sareng nabi anu sholeh!".

Tumaros Kanjeng Nabi saw: "Saha ari eta, ya Jibril?".

Ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh bapa salira, Nabi Adam. Ari anu eta pirang-pirang ruh, eta teh ruh turunannana. Mangka ari nu beulah katuhu, eta kabeh ahli sorga. Ari nu beulah kenca, eta kabeh ahli naraka. Di mana-mana ningal salirana kabeulah katuhu, anjeuna seuri sareng ngarasa bingah salirana. Di mana-mana salirana ningal kabeulah kenca, anjeuna ceurik ngarasa sedih. Ari panto ti beulah katuhu, eta panto sorga. Jeung ari panto belah kenca, eta panto jahanam. Di mana-mana ningal anjeuna anu asup kana eta lawang anu beulah katuhu ti turunannana, anjeuna seuri sareng ngarasa bungah. Di mana-mana ningal anjeuna anu lebet ti putra putuna kana lawang beulah kenca, anjeuna ceurik sareng nalangsa.


Mangka kari-kari ngalangkung Kanjeng Nabi sakedik, anjeuna mendakan anu keur dahar riba sareng harta yatim sareng tarukang zinah, sareng nu sanesna kabeh kana tingkah anu goreng sapertos anu ti payun, hana anu leuwih goreng.
-