NABI SAW DITAEKEUN KA LANGIT KAGENEP SARTA TEPANG SARENG NABI MUSA AS

Ti langit kalima teras Kanjeng Nabi naek ka langit kagenep.

Tidinya Malaikat Jibril nyuhunkeun dibukakeun lawang ka anu ngajaga.

Mangka naros anu ngajaga lawang: "Saha ieu teh?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Jibril!".

Teras anu ngajaga lawang naros deui: "Saha anu sareng anjeun?".

Waler Malikat Jibril: "Tuan Muhammad".

Naros deui anu ngajaga lawang: "Naha anjeuna teh parantos di utus?".

Saur Malaikat Jibril: "Atuh puguh we parantos mah".

Dawuhan anu ngajaga lawang: "Bagea sumping Muhammad di tempat lega sareng ahli. Muga Alloh manjangkeun yuswa ki dulur anu janten gaganti. Ari nu pangsae-saena dulur nyaeta Muhammad. Ari nu pangsae-saena gaganti sareng pangsae-saena anu sumping nyaeta sumpingna Muhammad".

Mangka dibuka langit
ka Kanjeng Nabi sareng Malaikat Jibril.

Salajengna Kanjeng Nabi ngalangkung kana sababaraha riungan para nabi jeung kaomna.

Teras Nabi saw ngalangkung ka hiji golongan anu seueur anu nutupan kana paninggal saking seueurna.

Mangka ngadawuh Kanjeng Nabi: "Saha eta golongan teh?".

Diwaler ku Malaikat Jibril: "Eta teh Nabi Musa sarta kaomna. Geura tanggahkeun mastaka salira".

Mangka tanggah Nabi saw kangge langkung sidik, teras anjeuna ninggal kana golongan anu kacida seueurna, anu nutupan kana paningal, ti gigir nepi ka gigir deui ti sadaya jihat.

Teras dicarioskeun ka Kanjeng Nabi: "Ari maranehna teh umat salira, sareng salian ti maranehna eta aya deui 70.000 anu arasupna ka sorga teh henteu kalawan dihisab heula".

Samangsa-mangsa Nabi saw reureuh, anjeuna pendak sareng Nabi Musa as, nyaeta pameget anu hideung santen anu jangkung, saolah-olah ti golongan pameget bangsa Sanuah anu gomplok rambutna.

Lamun dikira-kira, Nabi Musa as nganggo komis dua, mangka pasti nojos rambutna bijil ka luar komis duanana.

Salajengna uluk salam Kanjeng Nabi saw ka Nabi Musa as.

Diwaler ku Nabi Musa as bari sasauran: "Bagea sumping heh dulur anu sholeh sareng nabi anu sholeh".

Tidinya Nabi Musa as ngadu'akeun ka Kanjeng Nabi kalayan kasaean.

Salajengna ngadawuh deui Nabi Musa as: "Tadina mah kaula nyangka, yen saenya-enyana kaula pangmulya-mulyana bani Adam mungguh Alloh, tinimbang ieu nabi. Balik ta, nyatana ieu nabi leuwih mulya munguh Alloh Ta'ala batan kaula".

Samangsa Kanjeng Nabi saw ngalangkung ka Nabi Musa as, mangka anjeuna nangis. Teras ditaros: "Kunaon make nangis?".

Saur Nabi Musa as: "Kaula ceurik karana ieu budak ngora diutus sanggeus kaula asup ka sorga. Sarta ti golongan umatna leuwih loba tinimbang jalma anu asup ka sorga ti umat kaula nyaeta Bani Isroil. Kaula nyangka yen saenya-enyana kaula pangmulyana turunan Nabi Adam mungguh Alloh. Ari nyatana ieu lalaki ti Bani Adam ngagantian kaula di dunya sedengkeun kaula di akherat. Lamun mah kamulyaan aya di awakna wungkul, mangka henteu merduli kaula, tapi ieu mah ku sareng umatna".
-