MULIHNA NABI SAW TI MUSTAWA LUNGSUR KA LANGIT DUNYA

Teras muka deui mega, mangka lungsur Kanjeng Nabi sarta dugi deui ka Nabi Musa as.

Tidinya Nabi saw ngawartoskeun ka Nabi Musa.

Teras ngadawuh deui Nabi Musa as: "Mulih deui
bae ka Pangeran anjeun, teras suhunkeun deui karingan. Saenyana umat anjeun eta moal kuateun ku sakitu mah".

Ngadawuh Kanjeng Nabi: "Parantos bulak-balik kaula ka Pangeran kaula, sahingga kaula ngarasa isin ka mantena. Ayeuna mah kaula rido bae sareng pasrah".

Tidinya aya anu ngagero: "Saenya-enyana geus ngaluluskeun Kami kana kaparduan Kami, jeung geus ngahampangkeun Kami ka abdi-abdi kami!".

Mangka ngadawuh Nabi Musa as ka Kanjeng Nabi saw: "Pek geura lungsur anjeun kalayan ngucap bismillaah".

Salajengna teu pati-pati ngalangkung Kanjeng Nabi ka pagolongan malaikat, anging nyarios kudu ngadawamkeun anjeuna kalawan diserot.

Dina hiji riwayat mah dicarioskeun yen Nabi saw kudu marentahkeun ka umatna
kalawan diserot.

Teras lungsur Kanjeng Nabi, sarta ngadawuh ka Malaika Jibril: "Henteu datang kaula ka ahli langit, anging ngabageakeun sadayana ka kaula sareng ngajak seuri ka kaula salian anu saurang. Kaula uluk salam ka aranjeuna sarta ngajawab kana salam
kaula sarta ngabageakeun ka kaula, sareng ngadu'akeun ka kaula. Halna anu henteu seuri ka kaula, eta teh saha?".

Mangka ngadawuh Malaikat Jibril: "Eta teh Malaikat Malik juru konci naraka. Ari anjeuna mah henteu kantos seuri ti kawit di damel. Upami anjeuna kantos seuri ka saha bae, mangka tangtos seuri anjeuna ka salira".

Salajengna samangsa lungsur Kanjeng Nabi ka langit dunya, anjeuna mendakan haseup nu kandel sareng ngadangu sora-sora anu ngaguruh.

Ngadawuh anjeuna: "Naon ari eta, heh Jibril?".

Ngawaler Malaikat Jibril: "Eta teh syetan-syetan anu ngaraliud luhureun panon-panona anak Adam anu henteu tapakur kana ieu karajaan langit sareng bumi. Lamun
henteu aya eta syayatiin (syetan-syetan), mangka pasti naringali Bani Adam kana kaanehan-kaanehan ieu karajaan".
-